INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall

Kamis, 16 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Usum Reses (4)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"ÉTA si Sarya, hayang didenda manéh?"
"Nya kagak, Kang Ajan da taya alat pamayarna."
"Enya naha atuh, cig balik heula!"
"Kagak, ah. Da mawa."
"Heueuh sok paké atuh bisi katingalieun ku Hansip Opad ké dilaporkeun ka Pa Gupernur teu maké masker terus didenda."
"Enya Ya paké ulah ngalalaworakeun anjuran ti pamaréntah barudak. Sabab kasus korona kalah terus nambahan."
"Nambihan deui Bah?"
"Eny Bi. Geus meuntasan angka dalapan puluh rébu...."
"Gutiiii........"
"Enya Bi, ciplesna mah tepi ka poé Rebo kamari téh kasus positip korona di nagara urang aya 80.094 nu maotna 3. 797...."
"Deudeuh teuing...Abah. Dupi nu damangna deui?"
"Nu cageurna alhamdulillah aya 39,050, Bi."
"Muhun Abah alhamdulillah nya. Mudah-mudahan kanggo saterasna damang..."
"Aaamiin Bi. Nu matak kudu arati-ati sabab geuningan korona téh sakitu ngagalaksakna datangna demit alias teu katingali malah teu karasa nanaon cenah. Ningan di Bandung para calon prajurit TNI nepi ka réwuan nu katépaan...."
"Di Secapa  téa nya Bah?"
"Enya Jin. Nu matak naon sababna Kang Émil dugi ka rék ngadenda warga nu teu maké masker lamun indit-inditan, sabab ancaman korona téh demit bari jeung teu pancakaki...."
"Teu pancakaki, Bah?"
"Enya teu pancakaki, étah geuning ka markas   prajurit gé teu sieuneun....."
"Hahahaaa......."
"Tapi aya wé Bah nu neugtreug euweuh kasieun nya?"
"Saha Darsép?"
"Éta nu ngéténg bandros padahal hargana tangka Rp 20 juta, Jin."
"Ngabustam téh kabina-bina Dasép bandros nanahaon mani Rp 20 juta kitu?"
"Bandros artis, Ujin. Pan ayeuna keur ramé diberitakeun cenah pulisi nyangkalak artis ibu kota di Medan di hiji hotél jeung saurang lalaki. Cenah mah duanana barulucun....."
"Oh enya bener Sép."
"Tuh saur si Abah gé."
"Mani matak nyeri."
"Matak nyeri kumaha Bi?"
"Heueuh ari bandros artis manin payu mahal ogé dibareuli, teu cara bandros Bibi."
"Hahaaa......"
"Ari bandros Bibi kumaha kitu?"
"Baku si Ujin mah sok hayang jéntré waé. Heueuh bandros artis mah ningan étah mani dua puluh juta malah cenah nu ti heula mah tangka 80 juta, ratusan juta,  ditarebak wé. Nu matak Bibi mah mun di désa urang aya reses anggota déwan rék usul."
"Usul kumaha Bi?"
"Usul sangkan bandros Bibi payu Rp 20 juta siga bandros artis, dijamin servisnya memuaskan."
"Hahaa......" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS, Heureuy Asép,  ti  Senén dugi ka Jumaah). **

Selasa, 14 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Usum Reses (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"KA mana karep wé nyarita téh si Darsép mah."
"Ka mana karep kumaha nya ngomong mah angger wé dina sungut Ujin, moal enya teuing dina cungcurungan."
"Hahahaaa....."
"Nya ka mana karep Darsép da batur nyarita ka kidul ieu ka kalér."
"Jéh puguh hadéna ka kalér, lamun harita uing ka kidul amprok jeung nu geulis."
"Belegug embung amprok jeung nu geulis batur mah padahayang bélaan salingkuh ti anak jeung pamajikan."
"Nya heueuh ari jeung awéwé geulis mah."
"Na ari manéh nu geulis naon?"
"Kelom geulis dibalédogkeun kunu gélo."
"Hahaaaa......"
"Manéh nu gélo mah Darsép! Kabina-bina pisan batur nanyakeun dapil nu aya patula-patalina jeung reses para anggpota déwan der dibawa kana gunung sakembaran."
"Na enya nyah Ujin?"  
"Pan ceuk manéh kamari, mani teu apal dapil-dapil acan ari si Ujin."
"Naon kitu Darsép, ceuk uing téh?"
"Dijawab ku manéh dapil téh samangsa-mangsa awéwé nu gunung sakembaranana montok alias neuhneur Ujin."
"Maksudna, tanya uing deui?"
"Heueuh éta téh dapil, alias dada pilihan ceuk manéh téh.....ébél!"
"Hahahaaa......" 
"Dapil téh daérah pamilihan para anggota déwan anu geus nyarolok aranjeunna nalika pamilu, Jin. Tah minangka pamulang tarima ka rahayat nu geus marilih para anggota déwan nya  aya aturan reses téa. Para anggota déwan nyumpingan rahayat nu geus marilihna, terus nampung naon rupa hal nu jadi bangbaluh rahayat atawa aspirasi."
"Oh...kitu Bah. Nampung wungkul nyah?"
"Nya nampung nu nuju reses mah, engké diadurényomkeun deui jeung pingpinan déwan saterusna nya ditepikeun ka pamaréntah."
"Naon waé nu diusulkeunana Bah?"
"Nya rupa-rupa siga nu kabaca ku Abah dina VISI.NEWS aya nu usul jalan ruksak sangkan dihadéan, cai teu ngocor, banjir taya reureuhna unggal usum hujan, jeung sajabana."
"Janten nu ditembrakkeun téh bangbaluh wé nyah?"
"Nya enya atuh Jin pan hayang dibérésan. Mun jalan ruksak heug oméan, mun cai teu ngocor heug kocorkeun, mun jalan heureut nya legaan, mun banjir waé nya bebenah lingkungan....."
"Bénten sareng reses di nagara Manaboa, Bah."
"Béda kumaha Darsép?"
"Béda pisan Jin. Reses di urang mah rahayat ngalaporkeun sarwa bangbaluh, terus ditampung, terus diadurényomkeun terus ka pamaréntah, kakara dipigawé kitu gé lamun pareng. Narajang euweuh si dana alias si duit mah lapur. Jadi, lamun euweuh reses mah moal dihadéan jalan ruksak téh da taya nu ngusulkeun....."
"Ari di nagara Manaboa?"
"Di nagara Manaboa mah, reses téh para anggota déwan nampung hatur nuhun. Euweuh nu usul jalan ruksak, salaki salingkuh, atawa  pangwarahkeun pamajikan nu nyolowédor jeung tukang cilok."
"Naha Darsép bisa kitu?"
"Hayang nyaho?"
"Nya enya atuh."
"Lamun hayang nyaho yu tuturkeun uing."
"Ka mana Darsép?"
"Ka WC mules beuteung."
"Hahahaa......."  (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS, Heureuy Asép,  ti  Senén dugi ka Jumaah). **

Jumat, 10 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (5)


Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"MANI kabina-bina si Darsép mah ari geus ngabustam téh."
"Naon téa Jin?"
"Heueuh parabot raja dirampungkeun ku singa?"
"Hahaaa....."
"Da mémang kitu nu matak mun jelema nu sok rucah kakeunaan kasakit sipilis disebutna raja singa, tah ti dinya asal-usulna téh, malah cenah ceuk dongéng vérsi séjén mah saméméh ku jalma pinter diparabkeun ka singa téh si raja beukian téh ngeureuyeuh heula ka ucing, hayam, embé, jeung cakcak......"
"Hahahaaaa....."
"Bener cakcak, Darsép?"
"Heueuh, Jin. Cakcak badag alias buaya."
"Teu dirampungkeun ku si buaya?"
"Henteu Jin. Kalah atoh da dikeureuyeuh ku raja jeung geus heubeul rarandaan."
"Haaar...buaya sato Bu Aya awéwé Darsép?"
"Bu Aya awéwé, popotongan Pa Kusut."
"Hahaaaa.......!"
"Darsép gélo! Minggeus siah ah ka mana karep wé ngomong téh."
"Nya enggeus wé rék balik ari ulah ngomong mah."
"Gampang balik mah satéh Darsép, bayar heula hutang."
"Hutang naon ari manéh, Ujin?"
"Hutang dongéng."
"Dongéng nu mana pan bieu geus didongéngkeun Raja Singa téa, tapi ku ilaing dicempad pajar ka mana karep waé nu matak nya rék balik wé."
"Dongéng Tanteu Ratna téa, Sép."
"Tah leres Bi, pan ceuk uing téh harita, maké hadiah, Darsép? Dijawab ku manéh, enya Jin siga Tanteu Rina, méré tarucing ka barudak mun bisa neguh cenah rék dihadiahan duit 500 rébu."
"Ceuk uing deui, alah....kumaha dongéngna Darsép?"
"Ceuk manéh téh Isukan wé Jin. Ayeuna mah Tanteu Rinana keur zona beureum moal bisa diajakan, perboden."
"Hahaaa........!" 
"Ooooh...dongéng éta? Enya bener teuing naon maksudna Tanteu Rina téh ngumpulkeun barudak rék méré tatarucingan hadiahna 500 rébu. Atuh puguh barudak giak."
"Terus?"
"Ari eusi tarucingna  nu saenyana mah lain tarucing tapi teteguhan, ceuk Tanteu Rina téh sok barudak teguh warna naon cangcut Tanteu?" "Héjo, ceuk si Ojo."
"Lain! ceuk Tanteu Rina téh."
"Bodas, ceuk si Otas."
"Lain, ceuk Tanteu Rina deui."
"Konéng lah ceuk si Odéng."
"Lain, ceuk Tanteu Rina téh."
"Hideung, hideung, Tanteu hideung nya? ceuk si Toyor."
"Lain, Toyor lain hideung."
"Oh.....enya lah kelir gading geus moal salah Tanteu. Sok kadieukeun hadiahna ceuk si Iding!"
"Salah Iding, salah!" 
"Jawaban barudak euweuh nu bener, teu keuna sangkilang kabéh warna geus disebutan."
"Kumaha atuh Darsép?"
"Si Toyor  ngomong, Jin. Na ari Tanteu nganggo cangcut kelir kumaha atuh pan kabéh warna geus disebutan?"
"Nya moal aya warnaan Toyor da Tanteu mah teu dicalana, wéw, ceuk Tanteu Rina bari muka anerok keur ngabuktikeun!"
"Hahahaaa......!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép)  ti  Senén dugi ka Jumaah). (réngsé) **

Kamis, 09 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (4)


Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"PAKSA wé atuh Darsép!"
"Naon téa, Jin?"
"Éta Tanteu Rina ceuk manéh kamari moal waka didongéngkeun sabab Tanteu Rinana moal bisa diajak da keur zona beureum."
"Hahahaaa......"
"His, bahaya nu matak disebut zona beureum gé pan beureum téh tanda bahaya, kudu eureun nya Bah?."
"Enya Sép, siga urang nyanghareupan ancaman korona apan di zona-zona ku pamaréntah. Aya zona hideung, aya zona beureum, aya zona konéng, aya zona héjo."
"Leres, Bah. apan Bapa Bupati Garut kantos camberut numutkeun warta mah."
"Na ku naon Darsép?"
"Enya pédah Garut disebut zona konéng ku propinsi padahal da koronana geus teu mahabu malah di rumah sakit geus suwung pasén nu positip korona."
"Oh enya bener Sép. Nya mudah-mudahan mah kitu. Ngan mudah-mudahan wé para pajabat nyarios téh dumasar kanyataan, ulah disumput-sumput keur ngajaga géngsi kapamingpinan. Hanas disebut héjo ari pék konéng, disebut konéng tapi héjo! Komo nu geus sidik beureum dihéjo-héjo mah siga présidén di hiji nagara."
"Na kumaha kitu Bah, moal enya presidén kitu?"
"Enya Jin ceuk béja cenah Présiden Brasil mimitina teu  nyatujuan ayana lokdon, karantina, jeung sajabana. Jelema nu tingalingsreuk cenah lain ku korona tapi salésma biasa, malah éta presidén téh kungsi nangkeupan jelema keur ngabuktikeun yén korona téh euweuh!"
"Batur-batur pahibut nyarumput téh nyah kalah ngahajakeun, sarua wé jeung nangtang."
"Bener Jin."
"Teras kumaha atuh Bah?"
"Nyaéta ayeuna diberitakeun éta presidén téh kakeunaan korona.....!"
"Gustiiiii...........!"
"Enya barudak, geus puguh loba buktina, geus puguh nerekab ka mana-mana, jutaan jalma nu kakeunaan di sakuliah dunya, nu maot nya kitu kénéh bet teu percaya. Nu matak teu anéh mun di Brasil kasus koronana kadua panglobana sadunya sabada Amérika."
"Kitu Bah?"
"Enya Jin. Gara-gara bedegong, rasa manéh pamingpin pangluhurna. Meureunan boga pamikir wanieun sotéh korona ka rahayat biasa ka presidén mah moal."
"Kana kitu Bah."
"Enya jin."
"Teu béda ti dongéng raja singa."
"Raja singa kumaha Darsép?"
"Apan aya sebutan kasakit raja singa nyaéta kasakit si éta nu dianteur sakarepna rucah alias ngalajur napsu birahi."
"Kitu Darsép? Kumaha dongéngna? Ari dongéng tarucing Tanteu Rina kumaha deuih?"
"Kuma dinya Uji, hayang dongéng Tanteu Rina hayang dongéng Raja Singa?"
"Dongéng Raja Singa wé Darsép lah!"
"Heueuh jaman baheula aya hiji raja, manéhna beukian, ku beukian-beukianana geus loba awéwé nu diasaan méh sanagara nepi ka antukna ngarasa bosen cenah hayang sénsasi anyar ngagarap bobogaan sato. Nyalukan jelema pinter sato naon cenah nu ngeunah mun dikeureuyeuh. Ceuk jelema pinter, nu raos mah surabi singa."
"Balég siah?" tanya raja.
"Leres, pelem Gusti. Abdi tos ngaraosan sababaraha kali da matak lalagiheun," ceuk jelama pinter téh.
"Hahaaa....."
"Terus Darsép?"
"Entong Gusti pan terang singa mah sato galak?" aya nu ngabéjaan.
"Jawab raja kumaha Darsép?"
"Nyaéta bedegong téa Jin. Ceuk raja téh, euweuh......aing raja, sagalak-galakna  singa moal ngahakan térmos, angot ngahakan raja moal wanieun."
"Hahaaa....."
"Terus?"
"Nya narurut wé da kitu kahayang raja. Para ponggawa masrahkeun singa bikang, blus diasupkeun ka jero kamar paduduaan jeung raja."
"Gusti urang nuju raos ngahanca surabi singa," ceuk patihna. Geus satengah jam raja can kaluar, geus sajam encan kénéh, dua jam lebeng. Lila-lila curiga, panto didobrak, kasampak raja geus ngababatang, lebah étana baloboran getih...."
"Sok saha deui nu hayang dibuntungan ku aing?"
"Ceuk saha Darsép?"
"Ceuk Raja Singa!"
"Hahaaaaa........!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép) kalayan medal  ti dinten Senén - Jumaah)  **

Rabu, 08 Juli 2020

Carnyam Si'ar ti Padang Pasir (2): Ibrohim Ngada'wahan Ramana


Ilustrasi/net.

Kénging nyarungsum Féndy Sy. Citrawarga   

SAPARANTOS Ibrohim mendakan Gustina (Alloh SWT),  lajeng anjeunna madepkeun jiwa katut raga mung ka Alloh SWT (anu nyiptakeun alam katut sagala eusina) sareng manteng lempeng kana tetekon agama anu hak.
Sabadana, nya seja umajak jeung cumeluk ka balaréa, ka kaomna, sangkan ninggalkeun  sesembahan salian ti Alloh SWT, pangéran pupulasan. Orokaya geuningan ajakan  Ibrohim téh kalah meunang bantahan ti kaomna. Leuwihna, malik teu suka.
Nanging Ibrohim teu peunggas pangharepan,  dawahna diteraskeun, angot di antara nu ngabantah dawahna téh lain si itu si éta, tapi ramana ku anjeun nu meleg-meleg tukang nyieunan patung atawa arca. Nya kitu deui ka kaomna.
Anapon nu jadi jejer dawahna taya sanés nyatana sual taohid da puguh éta mah minangka akar kayakinan.
Nya  Ibrohim ngajak dialoh ka ramana jeung ka kaomna ngeunaan Pangéran anu sajati.
Ibrohim sasaruran ka ramana.
"Pa, naha Bapa bet nyembah arca anu teu tiasa ningali, anu teu tiasa ngadangu ogé anu teu tiasa nulungan lamun urang aya karerepet. Padahal Alloh Anu Maha Kawasa, anu nyiptakeun manusa kaasup bapa ogé apan éta téh dadamelan Gusti Alloh. Pangéran Anu Maha Ningali, Anu Maha Ngadangu, anu maparin pitulung keur sakumna hambaNa. Ku naon teu disarembah?"
Ramana  Ibrohim jeung kaomna tingharuleng. Mereunan héran duméh Ibrohim mahiwal jeung minculak, teu umum jeung kailaharan jalma réa.
Atuh kowowong wé ramana nyarita:
"Yeuh Ibrohim, ku naon mikabenci ka Pangéran-pangéran kami? Kami ngalakukeun kitu téh taya kajaba alatan luluhur kami ogé migawé nu sarupa." (hanca)
____________

SINTRÉN (Sisindiran ti Pasantrén)

"Ka sawah eujeung Kang Duloh,
tumpak béca ulah nangtung.
Nyembah mah wungkul ka Alloh,
lain arca lain patung." ***

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (3)



Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"SOK dilayanan nyah Bi?"
"Naon téa, Ujin?"
"Sumuhun pan saur Bibi kamari, carogé Bibi mah upami cuci mulut téh kedah  ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy,  matak utah uger!"
"Hahahaaa....." 
"Oh éta, Jin. Nya mimitina mah dilayanan wé da ka salaki. Ngan kadieunakeun mah horéam da paméntana macem-macem."
"Macem-macem kumaha Bi?"
"Tina cuci mulut téh ménta cuci biwir, cuci gado, cuci dada, cuci beuteung, labas ka handap kana......."
"Kana naon Bi?"
"Kana....tuur."
"Hahaaa......."
"Teu wanieun nyebut euy si Bi Rahi!"
"Ngarti wé atuh Ujin da pibahayaeun...."
"Enya bener Bi. Siga bahayana korona kudu enya-enya diperhatikeun, sabab salian ti kasusna di nagara urang terus ngaronjat geus ngaleuwihan sawidak, ceuk para ahli mah cenah korona téh bisa sumebar ngaliwatan média hawa alias bisa ngapung."
"Pan saurna mung ngalangkungan ciduh, Bah?"
"Enya ceuk panalungtikan Lembaga Kasehatan Dunya atawa WHO mah nu matak keur nyegah nyaliarana cukup ku ngajaga jarak, mindeng ngumbah leungeun, jeung maké masker. Tapi ceuk para élmuwan mah bisa ngaliwatan hawa."
"Kedah kumaha atuh urang?"
"Enya kudu ati-ati wé intina mah, Jin."
"Ké saur Abah tadi angka kasus korona tos ngalangkugan sawidak, sabaraha sawidak téh?"
"Éta si Ujin mani teu nyaho sawidak-sawidak acan."
"Manéh nyaho kitu Darsép?"
"Tah si Diran gé nyahoeun. Sabaraha Ran sawidak téh?"
"Ka Cibadak meuntas cukang, pasusubuh bet tiguling. Sawidak mah iyeuh Akang, nya atuh duka téh teuing."
"Hahahaaa...."
"Si Diran mah rupa-rupa pisan. Manéh Ya? Nyaho teu sawidak?"
"Maap takkan Yaya katakan."
"Naha?"
"Sabab Yayana lapar. Jalma lapar mah jangan ada yang nanya, ajak dahar, kakara laparna bangbrat ka awang-awang. Matakna, ajakan Yaya dahar. Sanajan daharna ngan sakadar ngahanca bakakak tambah sambal dan lalab, naha lalabna atah atawa asak, Yaya takkan baha. Nyaan!"
"Hahahaaaa....."
"Teuing ah Sarya ngan kana dahareun wé silaing mah!"
"Sawidak téh Ujin genep puluh, tah ayeuna téh angka kasus korona di nagara urang geus  ngaleuwihan genep puluh rébu, ciplesna mah tepi ka poé Salasa tanggal 7 Juli kamari téh geus ngahontal angka 66.226."
"Innalillaahi......."
"Enya Bi, kadé ah ulah bongoh, ulah rasa manéh geus new normal geus zona héjo....."
"Leres Bah. Da tos moal boa angka kasus korona nérékél teras téh balukar teu disiplin."
"Tiasa janten Bi."
"Sigana mah sangkan disiplin kedah nganggo hadiah, Bah."
""Maké hadiah, Darsép?"
"Enya Jin siga Tanteu Rina, méré tarucing ka barudak mun bisa neguh cenah rék dihadiahan duit 500 rébu."
"Alah....kumaha dongéngna Darsép?"
"Isukan wé Jin. Ayeuna mah Tanteu Rinana keur zona beureum moal bisa diajakan, perboden."
"Hahaaa........!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép)  ti  Senén dugi ka Jumaah).  **

Selasa, 07 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (2)


Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"AYA-aya wé  Sarya manéh mah."
"Naon téa, Jin?"
"Heueuh pajah téh cenah palawangan lawang  larangan bangsa adam, masa lawang larangan bangsa kadal."
"Hahahaaa......"
"Sakainget wé si Sarya mah asal nyekrup jeung ngomong sarwa a."
"Tah éta, leres Bi."
"Ari sirah, naon Sarya?"
"Nya mastaka, Kang Ajan."
"Ari buuk?"
"Yang mana pan banyak?"
"Nya buuk mah dina sirah atuh Sarya!"
"Tanaman mastaka."
"Heueuh bener. Ari halis?"
"Tanaman tarang."
"Heueuh bener, ari kumis?" 
"Tatangga baham."
"Ari godég?"
"Tanaman raray."
"Ari bulu kélék?"
"Ta mah parab Kang Ajan."
"Hahaaa......"
"Sarya gélo! Sok Bah ah ngan naon urang dina zona héjo téh?"
"Ngan tetep kudu waspada Jin. Enya najan hiji daérah geus kaasup zona héjo, terus dimeunangkeun aya kagiatan, teu ngandung harti bisa sakarep-karep cara saméméh aya korona."
"Leres, Bah."
"Enya Jin, protokol kaséhatan keur nyegah nyaliarana pirus korona kudu dilaksanakeun sakumaha mistina. Sing mindeng cuci tangan atawa ngumbah leungeun, kaluar ti imah maké masker, jeung papada jalma kudu anggang, ulah kurang ti saméter."
"Ngan kadé wé ulah siga Mang Ujuh."
"Na kumaha kitu Darsép?"
"Enya Jin, Mang Ujuh tukang dagang cingcau téa manéhna mah pengkuh kana  protokol kaséhatan, nu meuli téh teu meunang ngadeukeutan."
"Alus atuh Darsép?"
"Alus kumaha batan untung kalah buntung, Ujin."
"Haaar naha?"
"Apan gelasna pareupeus basa ngaladangan nu meuli."
"Nepi ka kitu Darsép?"
"Apan mikeun gelas cingcauna dialungkeun. Sanggap, cenah ceuk Mang Ujuh kanu meuli."
"Hahahaaa......"
"Darsép gedebul!"
"Tah ari si Jami mah padangagebugan."
"Ku saha Darsép?"
"Ari ngagebugan ku leungeun satéh Ujin, moal enya ku biwir!"
"Hahaa......!"
"Si Jami téh Jin, unggal diajakan kawin ku kabogohna nu geus dikeureuyeuh nepi ka reuneuh kalah cuci tangan."
"Auh éta mah lain cuci tangan kukumbah leungeun Darsép. Teu tanggung jawab!"
"Heueuh éta, Ujin."
"Nya pantes padangagebugan gé cuci tangan kitu mah, nya Bah?"
"Enya, Jin. Paribasa  basa Indonesia, cuci tangan téh hartina teu tanggung jawab."
"Sapertos cuci mulut nya Bah?"
"Enya Jin, cuci mulut téh kekecapan lamun urang tas dahar sangu terus ngadahar bungbuahan."
"Abdi mah boga pangalaman peurih tina cuci mulut téh Bah."
"Kumaha kitu Bi?"
"Sumuhun basa gaduh kénéh carogé unggal tas dahar téh kedah waé cuci mulut."
"Nya atuh kari nyadiakeun bungbuahan wé, Bi."
"Nya muhun pami ukur kitu mah Bibi gé sanggem. Da ieu mah..."
"Da ieu mah kumaha Bi?"
"Kedah cuci mulut ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy,  matak utah uger!"
"Hahahaaa....." (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép) kalayan medal  ti dinten Senén - Jumaah)  **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (1)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"ALHAMDULILLAH nya Bah."
"Naon téa Jin?"
"Sumuhun, tos héjo."
"Naon nu geus héjo téh, Ujin?"
"Daun cau nya Jin? Nya heueuh atuh daun cau mah ti babaheula gé héjo."
"Saha nu nanyakeun daun cau, Darsép?"
"Cenah bieu ceuk manéh tos héjo. Nya naon deui nu héjo lamun di antarana lain daun cau mah."
"Ah siah pengacau Darsép. Batur can anggeus ngomong jeung si Bah Adun geus ngaréwong ngomong."
"Daripada ngaréwong duit Ujin. Atawa hayang diréwong duit, sok atuh ménta sajuta mah, mun euweuh dua juta gé teu nanaon."
"Samilyar sakalian Darsép, tong asa-asa!"
"Hahahaaa......"
"Enya naon nu héjo téh Ujin?"
"Muhun Jawa Barat, tumali sareng sumebarna sasalad corona téh saurna tos zona héjo. Langkung écésna numutkeun Abah kumaha tah?"
"Oh....éta? Enya alhamdulillah  Jawa Barat geus kaasup zona héjo alias nerekabna korona téh sakumaha kasauran Pa Gupernur, Kang Emil, geus bisa dikenyed alias dikadalikeun, najan henteu ari beresih pisan tina ancaman korona mah. Nya maksudna mah bisa disebutkeun di zona héjo téh urang-urang geus bisa beraktivitas cara sasari. Ngan......."
"Ngan naon Bah?"
"Cik ngan naon?"
"Abah onaman abdi naros kalah malik naros. Cik Ran ngan naon cenah saur si Abah?"
"Ka tonggoh rék marab domba, terus ulin jeung Pa Haji. Kabogoh mah meunang loba, ngan kawin mah cukup hiji."
"Hahahaaa..."
"Éta si Diran bet loslos kana kawin. Tapi enya alus kétang Ran nu dikawin mah hiji wé loba-loba teuing mah bisi teu kaparaban. Ari ceuk ilaing ngan naon Ya?"
"Ngan hanjakal Kang Ajan."
"Hanjakal ku naon Sarya?"
"Hanjakal Yaya ngajawab, padahal Yaya apal takkan ada alat pamayarna. Matakna sangkan Yaya ngajawab satarabasna taya gantar hahalang na baham, nya wayahna Kang Ajan mayar. Mayarna mah sabaraha sajah, ngan jangan salambar....."
"Teuing siah Sarya, ongkoh sabaraha waé ongkoh ulah salambar. Ngan kana duit wé manéh mah."
"Da pasaka ngantay-ngantay kata sarwa 'a' mah Kang Ajan. Matak jangar kana mastaka, kana raray, kana mata, kana dada, kana padaharan, kana paha, parat kana dampal panahan awak."
"Hahahaaa......"
"Aya nu diliwat Sarya. Maenya tina beuteung langsung kana pingping. Sebutkeun méh dibayar."
"Nyaan?"
"Enyaan atuh."
"Nya lah, matak jangar kana dada, kana padaharan, kana larangan." 
"Larangan mah bobogaan lalaki, Ya. Ari bobogaan awéwé?"
"Palawangan."
"Lawang naon Ya?"
"Nya lawang larangan bangsa adam, masa  lawang larangan bangsa kadal!"
"Hahahaaa....." (Lajengkeuneun/seratan ieu oge midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS kalayan medal enjing-enjing ti dinten Senen - Jumaah. Nu hoyong manten maos, mangga kantun klik we enjing-enjing di VISI.NEWS)  **

Minggu, 05 Juli 2020

Carnyam Si'ar ti Padang Pasir (1)

Foto/net.

Kénging nyarungsum Féndy Sy. Citrawarga  
_______________

NALIKA IBROHIM MILARI PANGÉRAN

NALIKA Ibrohim seja ngayakinkeun ayana Gusti Alloh SWT kedah nyorang pirang-pirang jalan sareng kajantenan anu numuwuhkeun patalékan dina dirina. Upamina waé nalika kaayaan wanci peuting anu poék mongkléng. Anjeunna ningali béntang anu gugurilapan, teras manahna ngaraos takjub nu pamustunganana anjeunna nyangka yén éta téh pasti  Pangéran nu payus disembah nu keur dipilarina da geuning sakitu éndah jeung nyongcolangna.
Nanging, teu kantos lami ningan sang béntang nu dialem-alem téh bet ngaleungit alias tilem. Mangka sapada harita ilang kayakinan Ibrohim yén béntang téh sembaheun dirina.
"Mana atuh sembaheun kuring téh?" kitu gerencem manahna.
Dina sanés waktos anjeunna ningali bulan anu keur caang mabra. Teras anjeunna nyangka yén éta bulan téh sabagé Pangéran sembaheunana. Tapi, teu kungsi lami bulan ogé ningan ngahiang atanapi tilem. Atuh kayakinan anjeunna yén bulan nu moncorong éndah keur sembaheun téh ogé ngiring ngahiang, bolay deui baé badé mangéranan ka bulan téh.
Kapanasaran wuwuh ngaharu biru émutan Ibrohim. Nu matak teu lirén ihtiar geusan meunang kacindekan nu sanyatana. Nya saterasna nalika isuk-suk srangéngé lugay, anjeunna kagungan kayakinan yén  panonpoé anu kacida caangna batan béntang jeung bulan. Anjeunna gaduh kayakinan yén pasti nya panonpoé Pangéran sembaheun téh.
Tapi deui-deui enjeunna kuciwa lantaran geuningan nalika sareupna, panon poé nu tadi-tadi sakitu caangna téh bet ngalaman tilem kaganti ku peuting, cahya Si Raja Caang ti beurang téh teu témbong deui.
Ana kitu, sidik panon poé téh lain pipangéraneun Ibrohim da geuningan kakeunaan kénéh ku tilem. Anjeunna yakin najan enya gé jadi raja beurang, teu pantes disembah-sembah da geuningan aya tilemna.
Ku macem-macem cara anu dipidamel ku Ibrohim dina milari kayakinan ka Gusti  Alloh SWT, mangka Ibrohim bisa ngagunakeun akal pikiranana pikeun néangan bebeneran nu kapanggihna mah sabada diaping ku wahyu pituduh atanapi hidayah ti Alloh SWT. Cindekna ngadumaniskeun élmu jeung wahyu sahingga Ibrohim tinemu sareng nu diplilarina nyaéta Alloh SWT anu sayakin-yakinna, Alloh Nu Maha Tunggal, Alloh Nu Nyiptakeun alam samésta katut sagala eusina, Gusti anu moal tilem atawa ancur lebur, malah nya Anjeunna anu baris ngilangkeun jeung ngancurkeun alam samésta sareng eusina. (hanca)
_______________

SINTRÉN (Sisindiran ti Pasantrén)

"Mais lauk dina hawu,
rék dibikeun ka Kang Aan.
Adu manis élmu wahyu,
nya nguatkeun kayakinan." **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...