INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall
Tampilkan postingan dengan label #fendy sy. citrawarga. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label #fendy sy. citrawarga. Tampilkan semua postingan

Selasa, 27 Oktober 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (1)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga 

"SABARAHA-sabaraha Pérsib téh Darsép?"
"Naon téa, Jin?"
"Éta Pérsib meunang sabaraha atawa éléh sabaraha?"
"Meunang henteu, éléh henteu, Jin."
"Haaar....pan Liga 1 téh geus dimimitian tanggal 1 Oktober lin?"
"Teu, teu tulus, diundurkeun engké ka tanggal 1 Nopémber ceuk béja mah."
""Ari sugan geus der maén Darsép, horéng diundurkeun ka Nopémber nyah?"
"Nopémber gé can tangtu Jin."
"Naha, Bah?"
"Can tangtu sabab bapa-bapa pulisina keur rariweuh pisan nu matak teu méré idin ngagelar méngbal ka PSSI."
"Nuju riweuh nya Bah?"
"Enya, Jin. Nyanghareupan nu darémo, nyanghareupan pilkada, nyanghareupan korona."
"Puguh loba nu rumahuh."
"Rumahuh kumaha Darsép?"
"Enya pédah pilkada mah terus lumangsung padahal loba nu ngusulkeun sangkan ditunda heula alatan korona, tah ari méngbal mah wayahna kudu eureun heula."
"Kitu nyah Darsép? Apanan méngbal dina usum pandemi mah teu meunang dilalajoan langsung di lapangan lin, jadi ukur pamaén jeung opisial? Ari pilkada mah teu dilalajoan ogé pasti jelema ngagimbung bin pasesedek nu hartina bisa jadi nerekabna korona."
"Teuing atuh Ujin éta mah geus aturan nu dibendo."
"Kitu Bah? Paingan sok pada nyebut Liga Undur-undur atuh nya méngbal di nagri urang mah da ningan mani teu kaur lancar, kudu aya wé sésékélan terus diundur-undur deui waktuna."
"Da mémang kitu pagawéanana, Ujin."
"Pagawéan naon Bi?"
"Enya pagawéan undur-undur mah sok undur-unduran."
"Na aya kitu mahluk undur-undur da nu sok undur-unduran sakanyaho mah tukang parkir, Bi."
"Gustiiiiii....abong jelema jaman now teu nyaho undur-undur acan." 
"Na manéh nyaho nyah Darsép?"
"Bisi teu nyaho undur-undur yeuh Ujin, tah  taroskeun ka Bah Adun!"
"Si gejul, sugan téh heueuh nyaho. Naon Bah undur-undur téh?"
"Undur-undur téh sato leutik kira-kira sagedé peuteuy sélong, Jin. Hirupna ngupuk dina taneuh kolong imah, gawéna susurungkuyan, tapi mundur. Nu matak disebut undur-undur gé nya kitu pagawéanana undur-unduran."
"Oh kitu? Ayeuna aya kénéh Bah?"
"Nya meureun ari di kampung nu imahna panggung mah aya Jin. "
"Jadi undur-undur mah tara nyurungkuy ka hareup nyah?"
"Nya tara atuh Ujin. Nu sok nyurungkuy ka hareup mah....."
"Naon Bi?"
"Genep hurup Ujin. Mimitina hurup 'k' tungtungna hurup 'l'."
"Genep hurup mimitina hurup 'k' tungtungna 'l', oooh.....enya nyaho Bi lah, kohkol!"
"Seratus untuk Ujin."
"Hahaaaaa.......!" (lajengkeuneun) **

Rabu, 19 Agustus 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (5)

Rékacipta Féndy  Sy. Citrawarga

"API-API teu ngarti si Kang Abo nya euy?"
"Api-api kumaha Jin?"
"Heueuh apan kamari ceuk manéh Darsép pamajikan Kang Abo nyarita, zona naon ari Akang? tanya pamajikan Kang Abo."
"Enya zona korona, témbal Kang Abo."
"Enya éta mah abdi gé terang, témbal pamajikanana."
"Naha atuh Nyai nyebut zona mérah?"
"Ieu jero calana nu zona mérah mah Kang! Nu matak ulah tual-toél gé."
"Hahaaaa.......!" 
"Oh éta Jn? Bisa jadi enya api-api. Teu tebih tina sugan téh nya Bah?"
"Naon téa Sép?"
"Sumuhun api-api, teu tebih tina sugan téh.
"Oh éta, enya Sép. Siga nu teu narurut kana panggero ti pamaréntah sangkan merhatikeun protokol kaséhatan sigana mah api-api teu ngarti, enya ka dituna kana sugan téh. Sugan téh wios teu dimasker gé da abdi mah teu karasa nanaon nuju sehat."
"Padahal mah nya Bah?"
"Padahal mah Jin, loba korban korona justru teu ngarasa nanaon, ana dipariksa cenah positip atawa reaktip."
"Meujeuhna wé ditibanan hukuman gé nya Bah?"
"Enya Sép. Ceuk béja mah Satpol PP di Bandung nibankeun hukuman kanu teu maké masker."
"Diasupkeun ka jero bui Bah?"
"Henteu Jin, malah dihukum ngeunah."
"Manya aya dihukum raos Bah?"
"Dihukum ngeunah Jin, sabab lain diasupkeun ka jero bui, tapi dititah manyanyi lagu kamerdikaan."
"Oh....kitu nyah nya leres atuh énak dihukum manyanyi mah, uing gé daék kitu mah angot manyanyi dangdut bari sina jogéd mah daék pisan."
"Enyaan Ujin?"
"Enya Darsép da ngeunah atuh dihukum manyanyi dangdut bari jogéd mah."
"Ngeuna kumaha Ujin, puguh nepi ka teu éling, pingsan ."
"Na aya nyah nu kitu?"
"Pan kungsi kajadian di urang gé si Roni dihukum ku RW, enya dihukum titah nyanyi dangdut malah bari jogéd."
"Nu bener Darsép?"
"Eya Jin si Roni bongan tara aktip kerja bakti ku Pa RW dihukm titah nyanyi dangdut bari jogéd, ngan nya kitu kalah ngajongkéng."
"Naha Darsep?"
"Dihukum manyanyi dangdutna lima jam nonstop, jaba dinu panas mentrang-mentring."
"Hahaaaa....."
"Darsép gélo nya heueuh atuh ari kitu mah. Sugan téh bener. Sok buru caritakeun kumaha lalakon Mang Gihan  jeung Bi Sulan  téh?"
"Na enya nyah Jiin?"
"Pan ceuk manéh Mang Gihan méhméhan pepegatan jeung Bi Sulan gara-gara sugan téh jijieunan."
"Oh enya bener uing nyarita kitu Jin. Nyaéta Mang Gihan téh kasolompok ku Bi Sulan keur ngahanca bujur domba di pipir imah. Ceuk Bi Sulan ari sia nanaonan Gihan?"
"Da, da, da sugan téh manéh Sulan."
"Naon, naon? Sugan téh kami? Teu boga deudeuleuan ari sia? Pan sidik éta mah domba, kami jelema."
"Enya, tapi surabina mah sarua pelem!"
"Hahaaa.......!" (réngsé) **

Minggu, 16 Agustus 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

"SUGAN téh geus cageur si Darsép."
"Ari pék tos damang nya Jin?"
"Angger gélo satéh Darsép!"
"Naha?"
"Pan ceuk manéh kamari. Leres Bah. Tapi diémut deui aya nu nyebat sugan téh alatan leres-leres teu ngartos kana fakta nu sanyatana, aya deui nu nyebat sugan téh ukur jijieunan."
"Jijieunan kumaha Darsép? Ceuk uing."
"Dijawab ku manéh. Mang Gihan, Jin. Apan méhméhan pepegatan jeung Bi Sulan gara-gara sugan téh jijieunan."
"Ceuk uing, alah siah, sok buru dongéngkeun Darsép!"
"Siap Jinlah, ngan isukan wé ayeuna mah uingna kudu buru-buru balik ka imah. Ceuk manéh téh."
"Uing gasik nanya. Rék nanahaon kudu buru-buru balik ka imah Darsép?"
"Ceuk manéh  rék dilongok, bisi aya nu mangku."
"Hahaaa......"
"Tah nu kitu téh ngaranna nu gélo Darsép. Saha atuh nu rék mangku imah?"
"Bisi wé Jin pan jaman ayeuna mah keur ramé nu puak-paok, panpangna nu maok HP. Enya ningan kabéjakeun kolot nu maok HP keur budakna sagkan bisa diajar onlén."
"Heueuh pan éta mah HP nu dipaokna lain imah."
"His saha nu nyaho imah gé dipaok, terus dijual ladangna dipaké meuli HP."
"Hahaaa......"
"Beuki gélo. Nya Ran sugan téh si Darsép geus cageur?"
"Lain Kang Ujin."
"Sugan téh naon atuh ceuk ilaing si Darsép Ran?"
"Ngala entéh maké gégép, pisang goréng jeung sakoteng. Sugan téh Kang Asép kasép. Manahoréng geuning ganteng."
"Hahahaaa....."
"Siiiip ...Ran, émang bener Kang Asép mah ganteng."
"Enya Kang Asép. Manteng-manteng benang kodi, ganteng-ganteng tara mandi."
"Hahaa....."
"Panuju pisan Ran. Keur nanahaon ganteng gé ari awak bau cubluk mah nya?"
"Ah siah Surjin."
"Nya heueuh siah Darsép. Mun Kang Ujin ganteng tulén nya Ran?"
"Enya Kang Ujin gé ganteng. Ngan...."
"Ngan naon Diran?"
"Sakoteng diinum kabéh. Ganteng-ganteng tara ombéh."
"Hahaaa.........!"
"Karasa Surjin?"
"Ah teuing siah Darsép."
"Kesel panginten nya Bah?"
"Naon téa Sép?"
"Sumuhun barudak sakola katut sepuhna seueur nu ngusulkeun sangkan geura-geura belajar tatap muka alias ka sarakola deui cara sasari."
"Enya kana kitu Sép teu ngabibisani tuda geus mulan-malén. Saréréa gé geus tangtu harayang hirup normal deui ngan dalah dikumaha ning koronana aya kénéh. Éta gé di sababaraha lelewek mah dihempékkeun muka sakola tapi kudu tukuh kana papagon protokol kaséhatan."
"Muhun mugia sing salabar wé nya Bah da Bibi gé tos kesel."
"Naha Bi Rahi sakola kénéh kitu atawa ngawulang panginten nya?"
"Lain kesel teu sakola atawa teu ngajar Ujin. Kesel rarandaan...."
"Hahaaa...."
"Nya atuh der wé badé nikah mah Bi."
"Nyaéta sugan téh nu keketrok rék nanyaan téh Afgan."
"Ari pék?"
"Si Apud, linmas nagih udunan ronda."
"Hahaa......" (lajengkeuneun) **

Rabu, 08 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (3)



Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"SOK dilayanan nyah Bi?"
"Naon téa, Ujin?"
"Sumuhun pan saur Bibi kamari, carogé Bibi mah upami cuci mulut téh kedah  ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy,  matak utah uger!"
"Hahahaaa....." 
"Oh éta, Jin. Nya mimitina mah dilayanan wé da ka salaki. Ngan kadieunakeun mah horéam da paméntana macem-macem."
"Macem-macem kumaha Bi?"
"Tina cuci mulut téh ménta cuci biwir, cuci gado, cuci dada, cuci beuteung, labas ka handap kana......."
"Kana naon Bi?"
"Kana....tuur."
"Hahaaa......."
"Teu wanieun nyebut euy si Bi Rahi!"
"Ngarti wé atuh Ujin da pibahayaeun...."
"Enya bener Bi. Siga bahayana korona kudu enya-enya diperhatikeun, sabab salian ti kasusna di nagara urang terus ngaronjat geus ngaleuwihan sawidak, ceuk para ahli mah cenah korona téh bisa sumebar ngaliwatan média hawa alias bisa ngapung."
"Pan saurna mung ngalangkungan ciduh, Bah?"
"Enya ceuk panalungtikan Lembaga Kasehatan Dunya atawa WHO mah nu matak keur nyegah nyaliarana cukup ku ngajaga jarak, mindeng ngumbah leungeun, jeung maké masker. Tapi ceuk para élmuwan mah bisa ngaliwatan hawa."
"Kedah kumaha atuh urang?"
"Enya kudu ati-ati wé intina mah, Jin."
"Ké saur Abah tadi angka kasus korona tos ngalangkugan sawidak, sabaraha sawidak téh?"
"Éta si Ujin mani teu nyaho sawidak-sawidak acan."
"Manéh nyaho kitu Darsép?"
"Tah si Diran gé nyahoeun. Sabaraha Ran sawidak téh?"
"Ka Cibadak meuntas cukang, pasusubuh bet tiguling. Sawidak mah iyeuh Akang, nya atuh duka téh teuing."
"Hahahaaa...."
"Si Diran mah rupa-rupa pisan. Manéh Ya? Nyaho teu sawidak?"
"Maap takkan Yaya katakan."
"Naha?"
"Sabab Yayana lapar. Jalma lapar mah jangan ada yang nanya, ajak dahar, kakara laparna bangbrat ka awang-awang. Matakna, ajakan Yaya dahar. Sanajan daharna ngan sakadar ngahanca bakakak tambah sambal dan lalab, naha lalabna atah atawa asak, Yaya takkan baha. Nyaan!"
"Hahahaaaa....."
"Teuing ah Sarya ngan kana dahareun wé silaing mah!"
"Sawidak téh Ujin genep puluh, tah ayeuna téh angka kasus korona di nagara urang geus  ngaleuwihan genep puluh rébu, ciplesna mah tepi ka poé Salasa tanggal 7 Juli kamari téh geus ngahontal angka 66.226."
"Innalillaahi......."
"Enya Bi, kadé ah ulah bongoh, ulah rasa manéh geus new normal geus zona héjo....."
"Leres Bah. Da tos moal boa angka kasus korona nérékél teras téh balukar teu disiplin."
"Tiasa janten Bi."
"Sigana mah sangkan disiplin kedah nganggo hadiah, Bah."
""Maké hadiah, Darsép?"
"Enya Jin siga Tanteu Rina, méré tarucing ka barudak mun bisa neguh cenah rék dihadiahan duit 500 rébu."
"Alah....kumaha dongéngna Darsép?"
"Isukan wé Jin. Ayeuna mah Tanteu Rinana keur zona beureum moal bisa diajakan, perboden."
"Hahaaa........!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép)  ti  Senén dugi ka Jumaah).  **

Selasa, 07 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (2)


Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"AYA-aya wé  Sarya manéh mah."
"Naon téa, Jin?"
"Heueuh pajah téh cenah palawangan lawang  larangan bangsa adam, masa lawang larangan bangsa kadal."
"Hahahaaa......"
"Sakainget wé si Sarya mah asal nyekrup jeung ngomong sarwa a."
"Tah éta, leres Bi."
"Ari sirah, naon Sarya?"
"Nya mastaka, Kang Ajan."
"Ari buuk?"
"Yang mana pan banyak?"
"Nya buuk mah dina sirah atuh Sarya!"
"Tanaman mastaka."
"Heueuh bener. Ari halis?"
"Tanaman tarang."
"Heueuh bener, ari kumis?" 
"Tatangga baham."
"Ari godég?"
"Tanaman raray."
"Ari bulu kélék?"
"Ta mah parab Kang Ajan."
"Hahaaa......"
"Sarya gélo! Sok Bah ah ngan naon urang dina zona héjo téh?"
"Ngan tetep kudu waspada Jin. Enya najan hiji daérah geus kaasup zona héjo, terus dimeunangkeun aya kagiatan, teu ngandung harti bisa sakarep-karep cara saméméh aya korona."
"Leres, Bah."
"Enya Jin, protokol kaséhatan keur nyegah nyaliarana pirus korona kudu dilaksanakeun sakumaha mistina. Sing mindeng cuci tangan atawa ngumbah leungeun, kaluar ti imah maké masker, jeung papada jalma kudu anggang, ulah kurang ti saméter."
"Ngan kadé wé ulah siga Mang Ujuh."
"Na kumaha kitu Darsép?"
"Enya Jin, Mang Ujuh tukang dagang cingcau téa manéhna mah pengkuh kana  protokol kaséhatan, nu meuli téh teu meunang ngadeukeutan."
"Alus atuh Darsép?"
"Alus kumaha batan untung kalah buntung, Ujin."
"Haaar naha?"
"Apan gelasna pareupeus basa ngaladangan nu meuli."
"Nepi ka kitu Darsép?"
"Apan mikeun gelas cingcauna dialungkeun. Sanggap, cenah ceuk Mang Ujuh kanu meuli."
"Hahahaaa......"
"Darsép gedebul!"
"Tah ari si Jami mah padangagebugan."
"Ku saha Darsép?"
"Ari ngagebugan ku leungeun satéh Ujin, moal enya ku biwir!"
"Hahaa......!"
"Si Jami téh Jin, unggal diajakan kawin ku kabogohna nu geus dikeureuyeuh nepi ka reuneuh kalah cuci tangan."
"Auh éta mah lain cuci tangan kukumbah leungeun Darsép. Teu tanggung jawab!"
"Heueuh éta, Ujin."
"Nya pantes padangagebugan gé cuci tangan kitu mah, nya Bah?"
"Enya, Jin. Paribasa  basa Indonesia, cuci tangan téh hartina teu tanggung jawab."
"Sapertos cuci mulut nya Bah?"
"Enya Jin, cuci mulut téh kekecapan lamun urang tas dahar sangu terus ngadahar bungbuahan."
"Abdi mah boga pangalaman peurih tina cuci mulut téh Bah."
"Kumaha kitu Bi?"
"Sumuhun basa gaduh kénéh carogé unggal tas dahar téh kedah waé cuci mulut."
"Nya atuh kari nyadiakeun bungbuahan wé, Bi."
"Nya muhun pami ukur kitu mah Bibi gé sanggem. Da ieu mah..."
"Da ieu mah kumaha Bi?"
"Kedah cuci mulut ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy,  matak utah uger!"
"Hahahaaa....." (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép) kalayan medal  ti dinten Senén - Jumaah)  **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (1)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"ALHAMDULILLAH nya Bah."
"Naon téa Jin?"
"Sumuhun, tos héjo."
"Naon nu geus héjo téh, Ujin?"
"Daun cau nya Jin? Nya heueuh atuh daun cau mah ti babaheula gé héjo."
"Saha nu nanyakeun daun cau, Darsép?"
"Cenah bieu ceuk manéh tos héjo. Nya naon deui nu héjo lamun di antarana lain daun cau mah."
"Ah siah pengacau Darsép. Batur can anggeus ngomong jeung si Bah Adun geus ngaréwong ngomong."
"Daripada ngaréwong duit Ujin. Atawa hayang diréwong duit, sok atuh ménta sajuta mah, mun euweuh dua juta gé teu nanaon."
"Samilyar sakalian Darsép, tong asa-asa!"
"Hahahaaa......"
"Enya naon nu héjo téh Ujin?"
"Muhun Jawa Barat, tumali sareng sumebarna sasalad corona téh saurna tos zona héjo. Langkung écésna numutkeun Abah kumaha tah?"
"Oh....éta? Enya alhamdulillah  Jawa Barat geus kaasup zona héjo alias nerekabna korona téh sakumaha kasauran Pa Gupernur, Kang Emil, geus bisa dikenyed alias dikadalikeun, najan henteu ari beresih pisan tina ancaman korona mah. Nya maksudna mah bisa disebutkeun di zona héjo téh urang-urang geus bisa beraktivitas cara sasari. Ngan......."
"Ngan naon Bah?"
"Cik ngan naon?"
"Abah onaman abdi naros kalah malik naros. Cik Ran ngan naon cenah saur si Abah?"
"Ka tonggoh rék marab domba, terus ulin jeung Pa Haji. Kabogoh mah meunang loba, ngan kawin mah cukup hiji."
"Hahahaaa..."
"Éta si Diran bet loslos kana kawin. Tapi enya alus kétang Ran nu dikawin mah hiji wé loba-loba teuing mah bisi teu kaparaban. Ari ceuk ilaing ngan naon Ya?"
"Ngan hanjakal Kang Ajan."
"Hanjakal ku naon Sarya?"
"Hanjakal Yaya ngajawab, padahal Yaya apal takkan ada alat pamayarna. Matakna sangkan Yaya ngajawab satarabasna taya gantar hahalang na baham, nya wayahna Kang Ajan mayar. Mayarna mah sabaraha sajah, ngan jangan salambar....."
"Teuing siah Sarya, ongkoh sabaraha waé ongkoh ulah salambar. Ngan kana duit wé manéh mah."
"Da pasaka ngantay-ngantay kata sarwa 'a' mah Kang Ajan. Matak jangar kana mastaka, kana raray, kana mata, kana dada, kana padaharan, kana paha, parat kana dampal panahan awak."
"Hahahaaa......"
"Aya nu diliwat Sarya. Maenya tina beuteung langsung kana pingping. Sebutkeun méh dibayar."
"Nyaan?"
"Enyaan atuh."
"Nya lah, matak jangar kana dada, kana padaharan, kana larangan." 
"Larangan mah bobogaan lalaki, Ya. Ari bobogaan awéwé?"
"Palawangan."
"Lawang naon Ya?"
"Nya lawang larangan bangsa adam, masa  lawang larangan bangsa kadal!"
"Hahahaaa....." (Lajengkeuneun/seratan ieu oge midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS kalayan medal enjing-enjing ti dinten Senen - Jumaah. Nu hoyong manten maos, mangga kantun klik we enjing-enjing di VISI.NEWS)  **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...