INFO KEMITRAAN
Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya
Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall
Rabu, 25 Juli 2018
KURING jeung KARYA (5)
Tulisan Munggaran
nu Dimuat di "PR"
& Unak-anik Ngaran
Kuring
URANG malikan deui ka taun ka tukang awal 80-an, pasna mah taun 1983. Sanggeus tulisan-tulisan kuring nu dikirim ka Gala dimuat, kuring oge nyobaan ngirimkeun tulisan ka koran sejen, di antarana ka HU "Pikiran Rakyat" nu geus kaasup koran nasional.
Nya gutrut we nyieun artikel/opini tina paniten kajadian sapopoe di masarakat pangpangna tina "penyalahgunaan" pakean nu sok dipake nipu, siga pakean haji, atawa saragam sakola. Dibaca deui ayeuna aya nu matak kuring hemeng (inget2 poho), horeng taun harita ge geus kasabit-sabit barudak pelajar nu "kagegeloan" maen game. Geura urang cutat sabagean:
"Konon di kota metropolitan Jakarta sana, permainan video-game di tempat2 umum sudah lama diberhentikan oleh Penguasa setempat. Namun di kota Bandung, justru sebaliknya permainan penyedot uang sekejap itu bukannya ditutup tapi kelihatannya semakin menjamur."
Basa Indonesiana geus lumayan sakitu mah lamun dibandingkeun jeung tulisan taun samemehna. Ngan encan baku siga nyebut cuma masih keneh "cuman" atawa penguasa ditulis kapital Penguasa. Ari kecap ulang make angka 2 mah harita lumrah keneh.
Demi tulisan munggaran nu dikirimkeun teh, poho deui duka dikirim ingkig duka via pos, dijudulan "Pakaian Dengan Status Sosialnya". Alhamdulillah dimuat dina "PR" edisi 11 Pebruari 1983. Dina judulna ditambahan ku redaksi "Sebuah Pengamatan" jadi leuwih tegep.
Ih, puguh we atoh kacida. Angot sanggeus narima honorna mah da atuh lipet tikel, malah asana honor nulis ti "PR" teh dibeulikeun erloji merek WINGS asli.
Teu hese hayang ningali tulisan dimuat henteuna dina "PR" teh kari datang we ka kantor "PR" di Jln. Asia-Afrika. Aya nu ditapelkeun dina plang (koran nu medal poe harita) aya nu geus meunang ngabeundeul ti poe ka poe. Ngan nu geus meunang ngabeundeul mah ayana di jero rohang, pas lawang panto hareup. Tah kuring mah sok resep ngadon maca nu dibeundeul, di jero, bari maling-maling reret ka nu keur digarawe pakpikpek. Kitu teh hate mah ngageremet, hayang teuing jadi wartawan, bisa digawe di koran.
Tah aya bapa-bapa anom keneh harita mah dikaca soca mani tekun ngaguras-garis keretas (engkena kuring apal si bapa teh keur nyieun dami/rarancang eusi koran). Teu nyangka sareng si bapa eta teh jadi atasan kuring basa "Gala" gabung jeung "PR" jadi "Galamedia". Si bapa teh, Pa Sarkim (tingali potret).
Pa Eddy D. Iskandar deuih nu sok kaintip di "PR" harita teh. Puguh we atoh bisa ningalli idola. Enya rumasa we ti saprak kuring diajar nulis, kataji pisan ku jenengan Eddy D. Iskandar teh. Pan basa macaan Mangle taun 60-an ahir jeung awal taun 70-an karyana mindeng kabaca, atuh dina "PR" carita bersambungna matak pogot macana. Nepi ka kuring nu harita (1974) ti lembur mawa ngaran ngan sauted (nu resmi luyu jeung ijasah mah ngaran teh Waldi, terus ku guru ngaji basa hatam Quran dilandi jadi Apendi), kuring nekad ngaganti ngaran nurutan Eddy D. Iskandar. Kahiji nurutan i ku y, kadua di tengahna aya huruf insial katiluna hurup-hurup hirupna sararua Eddy - Fendy, D. - Sy., Iskandar - Citrawarga. Nyaeta ti dituna mah ngalap berkah sugan kacakcaklan getih ngarang najan teu hir teu walahir ge, hehe.
Jadi Apendi diganti Fendy, make Sy. di tengahna terus Citrawarga. Demi Citrawarga kailhaman ku kecap "citra" nu harita keur haneut jadi kacapangan kajaba Piala Citra dina FFI. Najan kitu aya hartina Citrawarga ngaran kuring teh: Citra wancahan tina cinta sastra, demi Warga kulawarga.
Tah tina wani-wani ngarobah ngaran teh aya rambat kamalena, nyaeta nalika kuring rek narima ijasah sarjana muda ti IAIN (UIN ayeuna mah). Enya pan ti ijasah SD ditanyakeun. Ana gorehel ngaran di SD beda jauh mela-melu jeung ngaran di Tsanawiyah jeung Mu'allimin (MA). Atuh....kudu memeres nyieun akta kenal lahir, ka SD di Sumedang, ka kantor Catatan Sipil di kabupaten. Tapi alhamdulillah salamet, ngaran Fendy Sy. Citrawarga tetap berkibar, ngaran keur di lembur nya kitu keneh da urang lembur mah teu apaleun ngaran Fendy angot Citrawarga mah apalna Waldi we hehe.
Aeh...sok aya nu naroskeun ari Sy. -na naon? Engke we ah insyaalloh dina seratan nu bade dongkap. Ayeuna mah urang pungkas sakieu heula, ka nu kaleresan maos hapunten sim kuring siga goong nabeuh maneh. Nanging maksadna ge ieu teh da kanggo ngalengkepan seratan-seratan nu diposting dina blog, bacaeun anak incu sareng nu mikalandep seratan sim kuring. Ka nu palay maos artikel nu dimuat dina "PR" tea, klipingna tos di-posting dina fendi-indo.blogspot.com. ***
Katerangan potret: Kuring keur narima piagam ti pausahaan ngalangkungan Pa Sarkim nalika kuring dines keneh di koran "GALAMEDIA", grup "Pikiran Rakyat" kinten pertengahan tahun 2000-an.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)
Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...
-
Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...
-
TINA MACA JADI RESEP NGARANG/NULIS Kuring gubrag ka alam dunya di Kampung Citeula, Desa Cibubuan (ayeuna Karanglayung), Kecamatan Conggea...
-
Tulisan Munggaran nu Dimuat di "PR" & Unak-anik Ngaran Kuring URANG malikan deui ka taun ka tukang awal 80-an, pasna mah...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar