Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga
"PAKSA wé atuh Darsép!"
"Naon téa, Jin?"
"Éta Tanteu Rina ceuk manéh kamari moal waka didongéngkeun sabab Tanteu Rinana moal bisa diajak da keur zona beureum."
"Hahahaaa......"
"His, bahaya nu matak disebut zona beureum gé pan beureum téh tanda bahaya, kudu eureun nya Bah?."
"Enya Sép, siga urang nyanghareupan ancaman korona apan di zona-zona ku pamaréntah. Aya zona hideung, aya zona beureum, aya zona konéng, aya zona héjo."
"Leres, Bah. apan Bapa Bupati Garut kantos camberut numutkeun warta mah."
"Na ku naon Darsép?"
"Enya pédah Garut disebut zona konéng ku propinsi padahal da koronana geus teu mahabu malah di rumah sakit geus suwung pasén nu positip korona."
"Oh enya bener Sép. Nya mudah-mudahan mah kitu. Ngan mudah-mudahan wé para pajabat nyarios téh dumasar kanyataan, ulah disumput-sumput keur ngajaga géngsi kapamingpinan. Hanas disebut héjo ari pék konéng, disebut konéng tapi héjo! Komo nu geus sidik beureum dihéjo-héjo mah siga présidén di hiji nagara."
"Na kumaha kitu Bah, moal enya presidén kitu?"
"Enya Jin ceuk béja cenah Présiden Brasil mimitina teu nyatujuan ayana lokdon, karantina, jeung sajabana. Jelema nu tingalingsreuk cenah lain ku korona tapi salésma biasa, malah éta presidén téh kungsi nangkeupan jelema keur ngabuktikeun yén korona téh euweuh!"
"Batur-batur pahibut nyarumput téh nyah kalah ngahajakeun, sarua wé jeung nangtang."
"Bener Jin."
"Teras kumaha atuh Bah?"
"Nyaéta ayeuna diberitakeun éta presidén téh kakeunaan korona.....!"
"Gustiiiii...........!"
"Enya barudak, geus puguh loba buktina, geus puguh nerekab ka mana-mana, jutaan jalma nu kakeunaan di sakuliah dunya, nu maot nya kitu kénéh bet teu percaya. Nu matak teu anéh mun di Brasil kasus koronana kadua panglobana sadunya sabada Amérika."
"Kitu Bah?"
"Enya Jin. Gara-gara bedegong, rasa manéh pamingpin pangluhurna. Meureunan boga pamikir wanieun sotéh korona ka rahayat biasa ka presidén mah moal."
"Kana kitu Bah."
"Enya jin."
"Teu béda ti dongéng raja singa."
"Raja singa kumaha Darsép?"
"Apan aya sebutan kasakit raja singa nyaéta kasakit si éta nu dianteur sakarepna rucah alias ngalajur napsu birahi."
"Kitu Darsép? Kumaha dongéngna? Ari dongéng tarucing Tanteu Rina kumaha deuih?"
"Kuma dinya Uji, hayang dongéng Tanteu Rina hayang dongéng Raja Singa?"
"Dongéng Raja Singa wé Darsép lah!"
"Heueuh jaman baheula aya hiji raja, manéhna beukian, ku beukian-beukianana geus loba awéwé nu diasaan méh sanagara nepi ka antukna ngarasa bosen cenah hayang sénsasi anyar ngagarap bobogaan sato. Nyalukan jelema pinter sato naon cenah nu ngeunah mun dikeureuyeuh. Ceuk jelema pinter, nu raos mah surabi singa."
"Balég siah?" tanya raja.
"Leres, pelem Gusti. Abdi tos ngaraosan sababaraha kali da matak lalagiheun," ceuk jelama pinter téh.
"Hahaaa....."
"Terus Darsép?"
"Entong Gusti pan terang singa mah sato galak?" aya nu ngabéjaan.
"Jawab raja kumaha Darsép?"
"Nyaéta bedegong téa Jin. Ceuk raja téh, euweuh......aing raja, sagalak-galakna singa moal ngahakan térmos, angot ngahakan raja moal wanieun."
"Hahaaa....."
"Terus?"
"Nya narurut wé da kitu kahayang raja. Para ponggawa masrahkeun singa bikang, blus diasupkeun ka jero kamar paduduaan jeung raja."
"Gusti urang nuju raos ngahanca surabi singa," ceuk patihna. Geus satengah jam raja can kaluar, geus sajam encan kénéh, dua jam lebeng. Lila-lila curiga, panto didobrak, kasampak raja geus ngababatang, lebah étana baloboran getih...."
"Sok saha deui nu hayang dibuntungan ku aing?"
"Ceuk saha Darsép?"
"Ceuk Raja Singa!"
"Hahaaaaa........!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS kategori HEURAS (Heureuy Asép) kalayan medal ti dinten Senén - Jumaah) **
Tidak ada komentar:
Posting Komentar