Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga
"KA mana karep wé nyarita téh si Darsép mah."
"Ka mana karep kumaha nya ngomong mah angger wé dina sungut Ujin, moal enya teuing dina cungcurungan."
"Hahahaaa....."
"Nya ka mana karep Darsép da batur nyarita ka kidul ieu ka kalér."
"Jéh puguh hadéna ka kalér, lamun harita uing ka kidul amprok jeung nu geulis."
"Belegug embung amprok jeung nu geulis batur mah padahayang bélaan salingkuh ti anak jeung pamajikan."
"Nya heueuh ari jeung awéwé geulis mah."
"Na ari manéh nu geulis naon?"
"Kelom geulis dibalédogkeun kunu gélo."
"Hahaaaa......"
"Manéh nu gélo mah Darsép! Kabina-bina pisan batur nanyakeun dapil nu aya patula-patalina jeung reses para anggpota déwan der dibawa kana gunung sakembaran."
"Na enya nyah Ujin?"
"Pan ceuk manéh kamari, mani teu apal dapil-dapil acan ari si Ujin."
"Naon kitu Darsép, ceuk uing téh?"
"Dijawab ku manéh dapil téh samangsa-mangsa awéwé nu gunung sakembaranana montok alias neuhneur Ujin."
"Maksudna, tanya uing deui?"
"Heueuh éta téh dapil, alias dada pilihan ceuk manéh téh.....ébél!"
"Hahahaaa......"
"Dapil téh daérah pamilihan para anggota déwan anu geus nyarolok aranjeunna nalika pamilu, Jin. Tah minangka pamulang tarima ka rahayat nu geus marilih para anggota déwan nya aya aturan reses téa. Para anggota déwan nyumpingan rahayat nu geus marilihna, terus nampung naon rupa hal nu jadi bangbaluh rahayat atawa aspirasi."
"Oh...kitu Bah. Nampung wungkul nyah?"
"Nya nampung nu nuju reses mah, engké diadurényomkeun deui jeung pingpinan déwan saterusna nya ditepikeun ka pamaréntah."
"Naon waé nu diusulkeunana Bah?"
"Nya rupa-rupa siga nu kabaca ku Abah dina VISI.NEWS aya nu usul jalan ruksak sangkan dihadéan, cai teu ngocor, banjir taya reureuhna unggal usum hujan, jeung sajabana."
"Janten nu ditembrakkeun téh bangbaluh wé nyah?"
"Nya enya atuh Jin pan hayang dibérésan. Mun jalan ruksak heug oméan, mun cai teu ngocor heug kocorkeun, mun jalan heureut nya legaan, mun banjir waé nya bebenah lingkungan....."
"Bénten sareng reses di nagara Manaboa, Bah."
"Béda kumaha Darsép?"
"Béda pisan Jin. Reses di urang mah rahayat ngalaporkeun sarwa bangbaluh, terus ditampung, terus diadurényomkeun terus ka pamaréntah, kakara dipigawé kitu gé lamun pareng. Narajang euweuh si dana alias si duit mah lapur. Jadi, lamun euweuh reses mah moal dihadéan jalan ruksak téh da taya nu ngusulkeun....."
"Ari di nagara Manaboa?"
"Di nagara Manaboa mah, reses téh para anggota déwan nampung hatur nuhun. Euweuh nu usul jalan ruksak, salaki salingkuh, atawa pangwarahkeun pamajikan nu nyolowédor jeung tukang cilok."
"Naha Darsép bisa kitu?"
"Hayang nyaho?"
"Nya enya atuh."
"Lamun hayang nyaho yu tuturkeun uing."
"Ka mana Darsép?"
"Ka WC mules beuteung."
"Hahahaa......." (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS kategori HEURAS, Heureuy Asép, ti Senén dugi ka Jumaah). **