Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga
"AYA-aya wé Sarya manéh mah."
"Naon téa, Jin?"
"Heueuh pajah téh cenah palawangan lawang larangan bangsa adam, masa lawang larangan bangsa kadal."
"Hahahaaa......"
"Sakainget wé si Sarya mah asal nyekrup jeung ngomong sarwa a."
"Tah éta, leres Bi."
"Ari sirah, naon Sarya?"
"Nya mastaka, Kang Ajan."
"Ari buuk?"
"Yang mana pan banyak?"
"Nya buuk mah dina sirah atuh Sarya!"
"Tanaman mastaka."
"Heueuh bener. Ari halis?"
"Tanaman tarang."
"Heueuh bener, ari kumis?"
"Tatangga baham."
"Ari godég?"
"Tanaman raray."
"Ari bulu kélék?"
"Ta mah parab Kang Ajan."
"Hahaaa......"
"Sarya gélo! Sok Bah ah ngan naon urang dina zona héjo téh?"
"Ngan tetep kudu waspada Jin. Enya najan hiji daérah geus kaasup zona héjo, terus dimeunangkeun aya kagiatan, teu ngandung harti bisa sakarep-karep cara saméméh aya korona."
"Leres, Bah."
"Enya Jin, protokol kaséhatan keur nyegah nyaliarana pirus korona kudu dilaksanakeun sakumaha mistina. Sing mindeng cuci tangan atawa ngumbah leungeun, kaluar ti imah maké masker, jeung papada jalma kudu anggang, ulah kurang ti saméter."
"Ngan kadé wé ulah siga Mang Ujuh."
"Na kumaha kitu Darsép?"
"Enya Jin, Mang Ujuh tukang dagang cingcau téa manéhna mah pengkuh kana protokol kaséhatan, nu meuli téh teu meunang ngadeukeutan."
"Alus atuh Darsép?"
"Alus kumaha batan untung kalah buntung, Ujin."
"Haaar naha?"
"Apan gelasna pareupeus basa ngaladangan nu meuli."
"Nepi ka kitu Darsép?"
"Apan mikeun gelas cingcauna dialungkeun. Sanggap, cenah ceuk Mang Ujuh kanu meuli."
"Hahahaaa......"
"Darsép gedebul!"
"Tah ari si Jami mah padangagebugan."
"Ku saha Darsép?"
"Ari ngagebugan ku leungeun satéh Ujin, moal enya ku biwir!"
"Hahaa......!"
"Si Jami téh Jin, unggal diajakan kawin ku kabogohna nu geus dikeureuyeuh nepi ka reuneuh kalah cuci tangan."
"Auh éta mah lain cuci tangan kukumbah leungeun Darsép. Teu tanggung jawab!"
"Heueuh éta, Ujin."
"Nya pantes padangagebugan gé cuci tangan kitu mah, nya Bah?"
"Enya, Jin. Paribasa basa Indonesia, cuci tangan téh hartina teu tanggung jawab."
"Sapertos cuci mulut nya Bah?"
"Enya Jin, cuci mulut téh kekecapan lamun urang tas dahar sangu terus ngadahar bungbuahan."
"Abdi mah boga pangalaman peurih tina cuci mulut téh Bah."
"Kumaha kitu Bi?"
"Sumuhun basa gaduh kénéh carogé unggal tas dahar téh kedah waé cuci mulut."
"Nya atuh kari nyadiakeun bungbuahan wé, Bi."
"Nya muhun pami ukur kitu mah Bibi gé sanggem. Da ieu mah..."
"Da ieu mah kumaha Bi?"
"Kedah cuci mulut ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy, matak utah uger!"
"Hahahaaa....." (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS kategori HEURAS (Heureuy Asép) kalayan medal ti dinten Senén - Jumaah) **
Tidak ada komentar:
Posting Komentar