INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall

Rabu, 08 Juli 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Zona Héjo (3)



Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"SOK dilayanan nyah Bi?"
"Naon téa, Ujin?"
"Sumuhun pan saur Bibi kamari, carogé Bibi mah upami cuci mulut téh kedah  ku mulut deui. Narajang tas ngadahar jéngkol atawa peuteuy,  matak utah uger!"
"Hahahaaa....." 
"Oh éta, Jin. Nya mimitina mah dilayanan wé da ka salaki. Ngan kadieunakeun mah horéam da paméntana macem-macem."
"Macem-macem kumaha Bi?"
"Tina cuci mulut téh ménta cuci biwir, cuci gado, cuci dada, cuci beuteung, labas ka handap kana......."
"Kana naon Bi?"
"Kana....tuur."
"Hahaaa......."
"Teu wanieun nyebut euy si Bi Rahi!"
"Ngarti wé atuh Ujin da pibahayaeun...."
"Enya bener Bi. Siga bahayana korona kudu enya-enya diperhatikeun, sabab salian ti kasusna di nagara urang terus ngaronjat geus ngaleuwihan sawidak, ceuk para ahli mah cenah korona téh bisa sumebar ngaliwatan média hawa alias bisa ngapung."
"Pan saurna mung ngalangkungan ciduh, Bah?"
"Enya ceuk panalungtikan Lembaga Kasehatan Dunya atawa WHO mah nu matak keur nyegah nyaliarana cukup ku ngajaga jarak, mindeng ngumbah leungeun, jeung maké masker. Tapi ceuk para élmuwan mah bisa ngaliwatan hawa."
"Kedah kumaha atuh urang?"
"Enya kudu ati-ati wé intina mah, Jin."
"Ké saur Abah tadi angka kasus korona tos ngalangkugan sawidak, sabaraha sawidak téh?"
"Éta si Ujin mani teu nyaho sawidak-sawidak acan."
"Manéh nyaho kitu Darsép?"
"Tah si Diran gé nyahoeun. Sabaraha Ran sawidak téh?"
"Ka Cibadak meuntas cukang, pasusubuh bet tiguling. Sawidak mah iyeuh Akang, nya atuh duka téh teuing."
"Hahahaaa...."
"Si Diran mah rupa-rupa pisan. Manéh Ya? Nyaho teu sawidak?"
"Maap takkan Yaya katakan."
"Naha?"
"Sabab Yayana lapar. Jalma lapar mah jangan ada yang nanya, ajak dahar, kakara laparna bangbrat ka awang-awang. Matakna, ajakan Yaya dahar. Sanajan daharna ngan sakadar ngahanca bakakak tambah sambal dan lalab, naha lalabna atah atawa asak, Yaya takkan baha. Nyaan!"
"Hahahaaaa....."
"Teuing ah Sarya ngan kana dahareun wé silaing mah!"
"Sawidak téh Ujin genep puluh, tah ayeuna téh angka kasus korona di nagara urang geus  ngaleuwihan genep puluh rébu, ciplesna mah tepi ka poé Salasa tanggal 7 Juli kamari téh geus ngahontal angka 66.226."
"Innalillaahi......."
"Enya Bi, kadé ah ulah bongoh, ulah rasa manéh geus new normal geus zona héjo....."
"Leres Bah. Da tos moal boa angka kasus korona nérékél teras téh balukar teu disiplin."
"Tiasa janten Bi."
"Sigana mah sangkan disiplin kedah nganggo hadiah, Bah."
""Maké hadiah, Darsép?"
"Enya Jin siga Tanteu Rina, méré tarucing ka barudak mun bisa neguh cenah rék dihadiahan duit 500 rébu."
"Alah....kumaha dongéngna Darsép?"
"Isukan wé Jin. Ayeuna mah Tanteu Rinana keur zona beureum moal bisa diajakan, perboden."
"Hahaaa........!" (Lajengkeuneun/seratan ieu ogé midang dina situs VISI.NEWS  kategori HEURAS (Heureuy Asép)  ti  Senén dugi ka Jumaah).  **

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...