Carpon Munggaran
nu Dimuat Koran
nu Dimuat Koran
TAUN 1974 nganjrek di Bandung neruskeun tolab elmu teh. Ti barang datang ge jol resep nulis dina basa Sunda, maksud teh cacarakan. Kakara kabiruyungan taun 1976 dimuat carpon dina koran Sunda "Giwangkara", judulna "Nu Asih Kapegat Pisah" make ngaran Fensyar C., dikotret dina keretas, ngirimna ku pos ingkig, ti Cibuntu ka Jln. Ciateul.
Tina judulna ge geus katebak tema cinta. Puguhanan enya mangsa rumaja mah tema cinta teh kacida lindeuk jeung pangpangna mah "terjiwai" hehe...
Dibaca deui ayeuna hayang seuri aya era aya. Hayang seuri nengetan basana pabaliut antukna era. Tapi harita mah mani atoh ku dimuatna ge, teu inget teuing dihonoran teuing henteu.
Ku kitu ku kieu, keur kuring mah ieu carpon teh jadi pamiangan kutrat-kotret saterusna jadi sumanget. Munasabah mun kuring ngahaturkeun nuhun ka "Giwangkara".
Carpon "Nu Asih Kapegat Pisah" tiasa diaos di dieu (fendi-sunda.blogspot.com).
***
CARPON kadua nu midang dina "Giwangkara", judulna "Lilis Martini", edisi 29 Maret 1977. Make ngaran Fensyar C. Temana angger deuih ulukutek dina cinta, malah siga nu teuleum dina pangalaman nyata.
Enya harita teh basa kelas 2 Tsanawiyah, ari sore sok ngawuruk barudak di madrosah. Tah pangalaman ngajar teh diimpleng dina imajinasi rumaja nu keur kasmaran. Hasilna jadi carpon nu matak seuri koneng jeung era ku uumuran kiwari. Tuda ni rehe guru bogoh ka murid. Eta ku cunihin guru teh geura cenah ge "Jantung ngadulag nurugtug perbawa seukeutna teuteup Lilis, jeung kapincut ku kareueut imutna, asa can manggih imut endah kawas imut puspita nu harita aya di hareupeun."
Najan kitu, dina ieu carpon geus mimiti aya kritik sosial atawa ngingetan pamaca siga dina kalimah, "Nu matak munasabah pisan mun darajat nu jadi guru disajajarkeun jeung indung bapa teh. Tapi teu euweuheun jelema nu miceun ka guru."
Carpon "Lilis Martini" oge kapidangkeun di dieu (fendi-sunda.blogspot.com). ***

Tidak ada komentar:
Posting Komentar