INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall

Rabu, 25 Juli 2018

KURING jeung KARYA (5)


Tulisan Munggaran
nu Dimuat di "PR"
& Unak-anik Ngaran
Kuring

URANG malikan deui ka taun ka tukang awal 80-an, pasna mah taun 1983. Sanggeus tulisan-tulisan kuring nu dikirim ka Gala dimuat, kuring oge nyobaan ngirimkeun tulisan ka koran sejen, di antarana ka HU "Pikiran Rakyat" nu geus kaasup koran nasional.
Nya gutrut we nyieun artikel/opini tina paniten kajadian sapopoe di masarakat pangpangna tina "penyalahgunaan" pakean nu sok dipake nipu, siga pakean haji, atawa saragam sakola. Dibaca deui ayeuna aya nu matak kuring hemeng (inget2 poho), horeng taun harita ge geus kasabit-sabit barudak pelajar nu "kagegeloan" maen game. Geura urang cutat sabagean:
"Konon di kota metropolitan Jakarta sana, permainan video-game di tempat2 umum sudah lama diberhentikan oleh Penguasa setempat. Namun di kota Bandung, justru sebaliknya permainan penyedot uang sekejap itu bukannya ditutup tapi kelihatannya semakin menjamur."
Basa Indonesiana geus lumayan sakitu mah lamun dibandingkeun jeung tulisan  taun samemehna. Ngan encan baku siga nyebut cuma masih keneh "cuman" atawa penguasa ditulis kapital Penguasa. Ari kecap ulang make angka 2 mah harita lumrah keneh.
Demi tulisan munggaran nu dikirimkeun teh, poho deui duka dikirim ingkig duka via pos, dijudulan "Pakaian Dengan Status Sosialnya". Alhamdulillah dimuat dina "PR" edisi 11 Pebruari 1983. Dina judulna ditambahan ku redaksi "Sebuah Pengamatan" jadi leuwih tegep.
Ih, puguh we atoh kacida. Angot sanggeus narima honorna mah da atuh lipet tikel, malah asana honor nulis ti "PR" teh dibeulikeun erloji merek WINGS asli.
Teu hese hayang ningali tulisan dimuat henteuna dina "PR" teh kari datang we ka kantor "PR" di Jln. Asia-Afrika. Aya nu ditapelkeun dina plang (koran nu medal poe harita) aya nu geus meunang ngabeundeul ti poe ka poe. Ngan nu geus meunang ngabeundeul mah ayana di jero rohang, pas lawang panto hareup. Tah kuring mah sok resep ngadon maca nu dibeundeul, di jero, bari maling-maling reret ka nu keur digarawe pakpikpek. Kitu teh hate mah ngageremet, hayang teuing jadi wartawan, bisa digawe di koran.
Tah aya bapa-bapa anom keneh harita mah dikaca soca mani tekun ngaguras-garis keretas (engkena kuring apal si bapa teh keur nyieun dami/rarancang eusi koran). Teu nyangka sareng si bapa eta teh jadi atasan kuring basa "Gala" gabung jeung "PR" jadi "Galamedia". Si bapa teh, Pa Sarkim (tingali potret).
Pa Eddy D. Iskandar deuih nu sok kaintip di "PR" harita teh. Puguh we atoh bisa ningalli idola. Enya rumasa we ti saprak kuring diajar nulis, kataji pisan ku jenengan Eddy D. Iskandar teh. Pan basa macaan Mangle taun 60-an ahir jeung awal taun 70-an karyana mindeng kabaca, atuh dina "PR" carita bersambungna matak pogot macana. Nepi ka kuring nu harita (1974) ti lembur mawa ngaran ngan sauted (nu resmi luyu jeung ijasah mah ngaran teh Waldi, terus ku guru ngaji basa hatam Quran dilandi jadi Apendi), kuring nekad ngaganti ngaran nurutan Eddy  D. Iskandar. Kahiji nurutan i ku y, kadua di tengahna aya huruf insial katiluna hurup-hurup hirupna sararua Eddy - Fendy, D. - Sy., Iskandar - Citrawarga. Nyaeta ti dituna mah ngalap berkah sugan kacakcaklan getih ngarang najan teu hir teu walahir ge, hehe.
Jadi Apendi diganti Fendy, make Sy. di tengahna terus Citrawarga. Demi Citrawarga kailhaman ku kecap "citra" nu harita keur haneut jadi kacapangan kajaba Piala Citra dina FFI. Najan kitu aya hartina  Citrawarga ngaran kuring teh: Citra wancahan tina cinta sastra, demi Warga kulawarga.
Tah tina wani-wani ngarobah ngaran teh aya rambat kamalena, nyaeta nalika kuring rek narima ijasah sarjana muda ti IAIN (UIN ayeuna mah). Enya pan ti ijasah SD ditanyakeun. Ana gorehel ngaran di SD beda jauh mela-melu jeung ngaran di Tsanawiyah jeung Mu'allimin (MA). Atuh....kudu memeres nyieun akta kenal lahir, ka SD di Sumedang, ka kantor Catatan Sipil di kabupaten. Tapi alhamdulillah salamet, ngaran Fendy Sy. Citrawarga tetap berkibar, ngaran keur di lembur nya kitu keneh da urang lembur mah teu apaleun ngaran Fendy angot Citrawarga mah apalna Waldi we hehe.
Aeh...sok aya nu naroskeun ari Sy. -na naon? Engke we ah insyaalloh dina seratan nu bade dongkap. Ayeuna mah urang pungkas sakieu heula, ka nu kaleresan maos hapunten sim kuring siga goong nabeuh maneh. Nanging maksadna ge ieu teh da kanggo ngalengkepan seratan-seratan nu diposting dina blog, bacaeun anak incu sareng nu mikalandep seratan sim kuring. Ka nu palay maos artikel nu dimuat dina "PR" tea, klipingna tos di-posting dina fendi-indo.blogspot.com. ***

Katerangan potret: Kuring keur narima piagam ti pausahaan ngalangkungan Pa Sarkim nalika kuring dines keneh di koran "GALAMEDIA", grup "Pikiran Rakyat" kinten pertengahan tahun 2000-an.

Senin, 23 Juli 2018

KURING jeung KARYA (4)


Dagang Koran
Ngarah Gampang
Ningali Tulisan

SANGGEUS dimuat artikel agama nu munggaran di GALA taun 1982, kuring terus nyieun jeung ngirimkeun tulisan sejenna. Alhamdulillah dimuat wae. Hanjakal tulisan-tulisanana teu kakipling.
Baning ku resep nulis, kuliah kaboler da meh ungal poe ngadekul maca di Perpustakaan Daerah di Cikapundung (tukangeun Gedong Merdeka). Pirang-pirang koran (daerah jeung nasional), majalah (kaasup Mangle geus dijilid), geus puguh buku mah pajejel.
Taun 1984 kuring kawin, padahal kuliah can rengse sarjana muda sarjana muda acan. Puguh karasa ripuh, ngipayahan pamajikan ngandelkeun kolot. Nya apa boleh buntet, kuring kudu usaha. Alhamdulillah sok aya nu nitah privat ngajar ngaji. Sejen ti dinya da kuliah kari nyieun skripsi, isuk-isuk kuring ngapruk dagang koran. Nyokotna ti Bursa Koran Cikapundung. Beja-beja nu haneut harita (awal 80 - 85) ngeunaan preman dikarungan alias petrus (penembak misterius) jeung Persib nu eungkeut-eungkeut nanjung. Atuh nu dipromosikeun teh salian ti petrus, nya Persib.
"Ajat, Ajat, Ajat yeuh!" ceuk kuring natawarkeun koran, mapay leumpang ti Cikapundung, Braga, Aceh, parat tepi ka Cicadas.
Koran nu wajib dibawa harita,  nyaeta "PR" jeung Gala. Sabab dua koran ieu nu mindeng ditanyakeun luyu jeung beja nu keur ngetren harita nyaeta Persib jeung Petrus. Nu sejenna nu sok dibawa teh Kompas, Mandala, jeung Bandung Pos ngan tara leuwih ti 5 eks. Aya tabloid nu sok ngahagal dibawa lantaran payu harita nyaeta Bola jeung Monitor. Hanjakal Monitor mah teu lana lantaran aya kasus nu kudu unggah bale watangan.
Di sagedengeun ngala duit jang rosiko, kuring dagang koran teh ngarah gampang ningali tulisan nu dikirimkeun, pangpangna di Gala. Sabab kungsi manggih kanyeri ti tukang lapak koran di alun-alun, ngilu ningali koran aya henteuna tulisan kuring kalah ngadon dicarekan.
Duh mani sok atoh barang ningal aya karya dimuat dina koran nu harita koranna ditatanggeuy ditawarkeun.
Karereanana tulisan kuring dina taun 1983 jeung 1984 ngagunakeun basa Indonesia. Tulisan nu kakipling geus diasupkeun kana blog Tulisan Bahasa Indonesia kalayan pirang-pirang tema. Di antarana, tulisan nu judulna "Peranan Para Ibu Dlm Mewariskan Nilai Idealisme Kartini" nu dimuat di HU "Bandung Pos" edisi  17 April 1984. ***

KURING jeung KARYA (3)

NGUDAG IDEALISME
JEUNG BAKAT
KU BUTUH


SATUTAS carpon "Lilis Martini", kuring teu nulis deui, duka ku naon. Nu inget, sumanget maca beuki ngagedur, utamana maca koran jeung majalah. Tah sanggeus asup kuliah (1980) di IAIN, kahudang deui resep nulis tapi dina basa Indonesia, nulis dina basa Sunda mah cul weh. Ari nu ditulis genre humor dimuat di Majalah Humor Jakarta, di antarana carpon nu judulna "Rembulan Tak Seindah Rem Blong" jeung "Bukit Berbulu" parodi tina lagu "Bukit Berbunga" nu harita keur ngetop. Hanjakal klipingna teu aya da mun teu salah mah majalahna nepi ka lecek baning terus-terusan dibaca.
Di IAIN Fak Ushuluddin mahasiswa saentragan nu aktif nulis salian ti kuring nu inget Moch. Toha Anwar, Kang Asep Samuh (Asep Saeful Muhtadi), Imron Hasbullah (urang Majalaya), jeung Muflih. Demi nulisna di antarana di HU Gala, "PR", "Merdeka" Jakarta, jlt. Tulisanana lolobana opini wanda barudak kampus nu leubeut idealisme.
Ari kuring mah nulis opini agama, nya dikirmkeun ka HU GALA nu harita muka rubrik husus agama mun teu salah mah tepi ka dua halaman. Alhamdulillah dimuat. Temana ngeunaan Qurban. Judulna panjang, teuing dijudulan ku kuring teuing ku redaksi. Kieu judulna teh "Siapa yang Mampu Qurban tapi tak Mengerjakannya Maka Jangan Dekat-dekat ke Tempat Shalatku".
Dibaca deui ayeuna, katangen pisan basa Indonesiana padu nyusun, jajauheun kana make basa Indonesia baku da harita mah can aya KBBI, karek taun 90-an aya buku Basa Baku Basa Indonesia teh.
Tangtu we ku dimuatna tulisan ieu teh sumanget nulis beuki ngagedur, da atuh kajaba ngudag idealisme hayang jadi panulis/pangarang moyan apan keur nyumponan bakat, bakat ku butuh honorna. Bilih aya nu palay maos mah mangga klik we: fendi-indo.blogspot.com. ***

Minggu, 22 Juli 2018

Kuring jeung Karya (2)

Carpon Munggaran
nu Dimuat Koran
TAUN 1974 nganjrek di Bandung neruskeun tolab elmu teh. Ti barang datang ge jol resep nulis dina basa Sunda, maksud teh cacarakan. Kakara kabiruyungan taun 1976 dimuat carpon dina koran Sunda "Giwangkara", judulna "Nu Asih Kapegat Pisah" make ngaran Fensyar C., dikotret dina keretas, ngirimna ku pos ingkig, ti Cibuntu ka Jln. Ciateul.
Tina judulna ge geus katebak tema cinta. Puguhanan enya mangsa rumaja mah tema cinta teh kacida lindeuk jeung pangpangna mah "terjiwai" hehe...
Dibaca deui ayeuna hayang seuri aya era aya. Hayang seuri nengetan basana pabaliut antukna era. Tapi harita mah mani atoh ku dimuatna ge, teu inget teuing dihonoran teuing henteu.
Ku kitu ku kieu, keur kuring mah ieu carpon teh jadi pamiangan kutrat-kotret saterusna jadi sumanget. Munasabah mun kuring ngahaturkeun nuhun ka "Giwangkara".
Carpon "Nu Asih Kapegat Pisah" tiasa diaos di dieu (fendi-sunda.blogspot.com).
***
CARPON kadua nu midang dina "Giwangkara",  judulna "Lilis Martini", edisi 29 Maret 1977.  Make ngaran Fensyar C. Temana angger deuih ulukutek dina cinta, malah siga nu teuleum dina pangalaman nyata.
Enya harita teh basa kelas 2 Tsanawiyah, ari sore sok ngawuruk barudak di madrosah. Tah pangalaman ngajar teh diimpleng dina imajinasi rumaja nu keur kasmaran. Hasilna jadi carpon nu matak seuri koneng jeung era ku uumuran kiwari. Tuda ni rehe guru bogoh ka murid. Eta ku cunihin guru teh geura cenah ge "Jantung ngadulag nurugtug perbawa seukeutna teuteup Lilis, jeung kapincut ku kareueut imutna, asa can manggih imut endah kawas imut puspita nu harita aya di hareupeun."
Najan kitu, dina ieu carpon geus mimiti aya kritik sosial atawa ngingetan pamaca  siga dina kalimah, "Nu matak munasabah pisan mun darajat nu jadi guru disajajarkeun jeung indung bapa teh. Tapi teu euweuheun jelema nu miceun ka guru."
Carpon "Lilis Martini" oge kapidangkeun di dieu (fendi-sunda.blogspot.com). ***

KURING JEUNG KARYA (1)


TINA MACA JADI RESEP NGARANG/NULIS

Kuring gubrag ka alam dunya di Kampung Citeula, Desa Cibubuan (ayeuna Karanglayung), Kecamatan Conggeang, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat.
Indung nu ngandung Ibu Saodah (almarhumah) ari Bapa Pa Hamdan (almarhum) --tingali tulisan "Lebaran Munggaran Teu Munjungan ka Indung & Bapa"--.
Nyuprih elmu ti SD. Mimiti di SDN Cilangkap I, Buahdua, kungsi pindah ka SDN di Ciaseum, Cibubuan, Sumedang. Terus ka SMP Islam di Pasantren Asyrofuddin, Conggeang. Ka Bandung tolab elmu di Pasantren Persatuan Islam ti tingkat Tajhiziah, Tsanawiyah, nepi ka Muallimin. Paguron luhur di Fak. Ushuluddin IAIN (ayeuna UIN) ngan tamat sarjana muda. Meunang sasemester S1, DO, alatan seret waragad jeung geus rimbitan.
Resep nulis ti keur SMP, pangpangna sanggeus ka Bandung taun 1974. Demi nu ngajurung resep nulis teh tina maca. Demi bacaan nu kacida ngajurungna kana nulis nyaeta Majalah Basa Sunda "MANGLE" . Saterusna mah nya naon wae dibaca, boh koran boh majalah, boh basa Sunda boh basa Indonesia.
Nu ditulis pirang-pirang genre, ti lulucon, carpon, bahasan, nepi ka artikel-artikel agama, sakumaha nu kapidangkeun dina tulisan-tulisan kuring dina blog ieu nu ngawengku blog basa Sunda (fendi-sunda.blogspot.com) jeung basa Indonesia (fendi-indo.blogspot.com).
Kajaba nulis/ngarang, kuring oge kungsi digawe di koran nyaeta koran GALA (saterusna jadi GALAMEDIA, grup Pikiran Rakyat) kalayan pirang-pirang pacabakan, ti wartawan, redaktur, sekretaris redaksi, jeung editor bahasa, nepi ka pangsiun taun 2011.
Tepi ka ayeuna nulis mah teu eureun, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia. Dina basa Sunda nu nikreuh mah dina majalah Mangle, ari basa Indonesia mah dina platform digital Plukme!.
Tulisan-tulisan nu kungsi dikilping ti taun 70-an, kabeneran aya keneh nya ditungtut diasupkeun kana blog dua basa tea da diantep dina keretas mah kalah ancur.
Maksadna taya kajaba kanggo ngadokumentasikeun karya-karya kuring nu geus dipublikasikeun, bacaeun anak jeung incu katut saha bae nu pareng maca. Ajenna bisa jadi handay da puguh sepi pangarti tuna kabisa. Najan kitu, mugia aya mangpaatna. Tulisan hiburan mugia sing ngahibur. Tulisan bahasan mugia "berkesan", tuisan agama mugia janten obor sareng hidayah geusan ngalaksaneukn pancen ibadah ti Mantenna. Aamiin. ***

Potret: selfie taun 2018.

Selasa, 03 Juli 2018

LEBARAN MUNGGARAN TEU MUNJUNGAN KA INDUNG & BAPA


Taun 2012, pun biang nu geus tiktikbrek dina yuswa 70 taunan dibawa ka Bandung ti Sumedang da ngan kuring sorangan budakna.  Bulan Januari harita teh. Tos teu tiasa mapah, tapi barang tuang sareng nyarios mah lancar. Merenyeng wae palay mulih deui ka lembur. Diupahan wayahna cekeng di dieu bae. Nya kersaeun, duka kapaksa sugan. Da buktina mah keukeuh ngajak mulih. Nya diupahan heug ceng teh urang mulih ke tos Lebaran.
Nya cunduk ka bulan Puasa, pami teu salah mah bulan Agustus harita teh. Ceng teh Nini mah teu kenging saum bilih teu kiat.
"Ih, teu umum, lebar," saurna. Teu beunang dientong-entong maksa puasa.
Keur hadiah Lebaran, indung barudak ngahaja ngengken kabaya ka tatangga ancoan pun biang.
Na atuh ninggang kasapuluh poe puasa, tos buka jol bru pun biang teh geubis, teras teu sadar. Beurangna kuring manggil dokter, dipasihan landong, tapi teu emut-emut.
Tos dilandongan ge angger we teu sadar-sadar. Tapi ketug jajantungna mah aya keneh. Tengah peuting, indung budak ngaguyah-guyah cenah pun biang kondisina pikahariwangeun. Diteang enya we bangun nu tos taya daya pisan. Gancang kuring maca lapad tahlil  kana cepilna sababaraha kali. Teu kungsi lila anjeunna mulih dijajapkeun renghik ceurik kuring jeung pamajikan. Enya mulih ka Nu Kagunganana. Innalillaahi wainna ilaihi raaji'un.  
Taun 2018 ayeuna, pun bapa nu tos tiktikbrek oge can lami dikantunkeun ku pun biang (kawalon), ku kuring dititipkeun ka putra uwa di Sumedang. Tah basa mayunan sasih saum, ka nu di lembur kuring papadon ceng teh aki teu kenging saum bilih teu kiat da ras kana lalakon pun biang tea. Aya WA ti lembur, cenah bade nyobian heula. Teu majar kumaha.
Saptu tanggal 26 Mei (dinten kasapuluh saum) nampa WA ti lembur cenah pun bapa teu damang wales. Teg we geus boga sangkaan goreng. Nya kuring harita ge ka Sumedang, datang pasosore. Teu poho mawa dahareun, duit ti minantu salaki si cikal, jeung baju gamis kanggo pun bapa anggoeun Lebaran.
Barang gok teh pun bapa nuju tuang pel, pupurilitan nyabakan patuangan. Dirampa mani ngabagel. Ku putra uwa tos dicandak cenah ka dokter, hasilna asam lambung tinggi. Tos puguh kitu mah kuring ngajak pun bapa ka Bandung sina titirah. Ti heula ge rek dibawa ngan teu keresaeun. Harita mah unggeuk.
"Tah ieu acuk pamasihan si teteh kanggo Lebaran," pok teh. Ukur direret teu nyarios sakecap, tayohna geus teu puguh raraosan. Bada taraweh bring mariang ka Bandung nyewa mobil tatangga. Genepan katujuh nu kagungan mobil nyetiran.
Hese beleke lebet kana mobil teh, digandong. Geuleuyeung maju. Pun bapa di tengah, digandeng ku kuring jeung kapilanceuk. Meusmeus luk pun bapa tungkul, cengkat deui, tungkul deui, "Kulemkeun atuh Ki, calikna nyarande," pada mapagahan. Nya nurut, nyangkere kana jok. Sarerea ge teu mirosea da nyangka pun bapa nuju kulem.
Lebah Ciherang, sateuacan Cadaspangeran, mobil belok seja ngeusi bengsin. Reg mobil eureun, ngeusi bengsin. Geus rengse, geuleuyeung mobil maju deui, halon. Tah harita sarerea kaasup kuring siga nu kakara sadar ka nu keur kulem tibra. Nya pada ngaguyah-guyah.
"Aki, aki, aki....!" tetela teu aya respon. Dengek kuring ceurik, asa diheulang. Sangkilang gigireun mani teu nahlilan da panyangka teh nuju kulem biasa.
Innalillaahi wainna ilaihi raaji'un, pun bapa ngantunkeun dinten Ahad tabuh 9 wengi ping 27 Mei 2018 dina perjalanan Sumedang - Bandung.
Takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar, indung nu ngandung bapa nu ngayuga, marulang dina bulan Puasa. Kabaya ancoan pun biang teu kaanggo, gamis ancoan pun bapa sami, duanana marulih ngaranggo acuk bodas, lambang kasucian abong nu marulih dina Bulan Suci.
"Ya Allah mugia pun biang sareng pun bapa sadayana ginuluran rahmat Salira. Dicaangkeun di alam kuburna, ditampi amal ibadahna, dihapunten samudaya kalepatanana. Aamiin yaa Rabbal 'aalamiin...."
------------------
- Sepuh sim kuring nu tos ngarantunkeun: Pa Rasip (pun bapa kawalon, 1996), Ibu Saodah (pun biang, 2012), Ibu Warsih (pun biang kawalon, 2017), Pa Hamdan (pun bapa, 2018).
Sadayana ageung jasana ka kuring jeung kulawarga, sabalikna kuring teu bisa mulang tarima ka aranjeunna. Papadaning kitu, pangdunga mah teu kendat disanggakeun ka Mantenna. ***

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...