INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall

Rabu, 25 April 2018

Kliping Tulisan Ceuleukeuteuk (1): Paribasa

Dimuat dina: HU "GALA"
E d i s i: Minggu, 20 Maret 1988
----------
Ku Fendy Sy. C
"PARIBASA nganyam samak, neukteukan bari motongan. Paribasa neang anak, ngadeukeutan popotongan..."
Keur budak, lamun ngadenge paribasa kitu teh weleh teu ngarti naon maksudna. Puguh ngaranna ge budak, mana komo ukuran budak nu can nyaho "di hitut bau". Sok sanajan kitu, ari kana kekecapanana mah apal, puguhanan mindeng ngadenge ti kolot nu keur ngawarangkong dina golodog imah.
Puguh enya jaman bareto mah da imah teh rea keneh nu panggung, teu siga ayeuna ngajejer gedong sigrong paalus-alus. Ti wanci magrib tepi ka dur bedug isa ngawarangkongna kolot-kolot teh, nya kitu tea we mun aya nu ngaliwat sok rajeun dibanyolan.
Mun pareng nu ngaliwat tea duda, nya paribasa nu di luhur teh sok dipake bahan babanyolan. Atuh nu dibanyolanana tara ieuh muncereng ngambek, kitu we lakar ngaheheh, bari nyebut "heueuh lah" cenah.
Da nya kitu cenah ge urang Sunda mah resep banyol, sisiwo, nu dipalar leuwih raketna tali mimitran.
Sok sanajan kitu, keur budak indung kuring mindeng ngagelendeng, "Ulah sok sisiwo bisi ngadelewo!" saurna teh.
Da jeung saenyana, pareng nyisiwoan jelema epes meer atawa nu gampang ngulit bawang mah, mun disisiwoan teh sok malikan muncereng, kalan-kalan ngajakan ngadu peureup sagala.
Ceuleu 2
Nu matak dina nyisiwoan batur teh teu sagawayah, kitu we nu geus bener-bener loma. Da piraku ari teu pupuguh jelema teu wawuh disisiwoan mah, ngan nu jentre kahirupan urang lembur mah teu weleh dipihegar ku banyol bari budi basa nu tetep hegar marahmay. Di antara nu sok jadi bahan babanyolan atawa bahan geuhgeuyan teh awewe nu keur rarandaan atawa lalaki nu keur  ngaduda.
Da jaman baheula mah cenah rea pisan urang Priangan nu resep cruk crek kawin teh, sok sanajan  tangtuna ge teu kabeh kitu lin? Naon atuh nu ngalantarankeun kitu? Naha aya kasang tukangna? Sigana ari kangaranan sesekelan dina rumahtangga mah prah we dimamana ge meh sarua. Sok sanajan dina prungna pangantenan mibanda adat tradisi sewang-sewangan, apan aya nu disebut kawin adat Sunda, nya kitu deui di daerah sejen oge mibanda adat anu mandiri.
Ngan aya nu rada aheng dina masalah cruk crekna  kawin nu nyababkeun rea randa atawa duda jaman baheula teh alatan balap ngadu kuda.
Na enya kitu? Nurutkeun catetan Haryoto Kunto dina bukuna "Semerbak Bunga di Bandung Raya" dieceskeun cenah nurutkeun carita Aria Achmad Djajadiningrat, dina "Harian Mata Hari" (1937) jaman baheula, nu pepegatan di Priangan teh kasebut rea. Tangtu loba kasang tukangna.
Ceuk kolot ramena nu pepegatan teh biasana lumangsung dina bulan Juni, Juli nepi ka Agustus. Malah mah cenah dina bulan eta teh keur meujeuhna ripuh pikeun urang kota mah. Na naon alatanana? Dina bulan-bulan eta kota Bandung pareng sok diayakeun pasamoan. Dina bulan Juni jeung Juli  sok diayakeun "Pasar Malem" matuh sataun sakali ta teh, disarebutna "Jaarbeurs".
Ari dina bulan Agustus mah sok diayakeun "Pesta Raja" (ngareuah-reuah tepung taun Wilhelmina ti Walanda), bareng jeung eta di lapang Tegallega diayakeun ngadu kuda.
Tah dina kaayaan kitu, kota Bandung kacida hegarna. Nalika ngadu kuda lumangsung di Tegallega tea sabudeureun alun-alun jeung Jl. Otto Iskandardinata dihias ku sarupaning lantera, nya kitu deui  dihias ku kertas warna warni, dipasieup ku daun camara atawa daun caringin, meulitan tihang-tihang listrik sisi jalan, malah bandera tilu rupa (rood wit blauw) teu tiggaleun milu masamoan.
Teu beda we jeung lumangsungna pesta Sekaten di Yogya, atawa Pajang Jimat di Cirebon.
Beurang peuting jelema teu sirikna pagegelek bari ngiringkeun "buntut". Tangtu we pakeanana oge nu luyu jeung masamoan, malah teu katinggaleun ngagembol bebekelan sarupaning kadaharan. Teu urang kota wungkul, ti pasisian kota Bandung ge rea nu ngahaja daratang ka Tegallega rek nyakseni ngadu kuda.
Dina emprona nu daratang teh teu ngan sakadar nyakseni jajaten kuda wungkul, nu pareng duitna mucekil mah sok rajeun "tumpangan" (ngadu), tapi pikeun awewe mana komo mojang gareulis mah pesta ngadu kuda teh dijadikeun tempat  nembrakkeun kageulisan, boh pakean atawa model gelung, papaes emas atawa berlian.
Cenah mah dina waktu eta pisan mojang Priangan atawa nu geus rimbitan (preangerplanters), nembongkeun kageulisan rupa jeung kaendahan pakean.
Geus puguh deui ari sabangsaning nu sok resep kudak-kodok kana saku batur mah, nyatana copet tea, sigana kaayaan pagegelekna jelema teh teu dilurjeunkeun kitu wae, estuning bener-bener dimangpaatkeun.
Cenah mah teu saeutik kaum lalaki nu ngamangpaatkeun kaayaan kitu pikeun ngetrek awewe, malah awewe batur sagala. ***

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...