INFO KEMITRAAN

Info aneka kebutuhan barang bagi Anda, tinggal klik tautannya Showcase Fendy Sy. Citrawarga. https://vt.tiktok.com/ZS6f5nX7Y/?page=Mall

Selasa, 27 Oktober 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"SARATUS naon ari Bi Rahi?"

"Naon téa Asép?"

"Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh, jadi undur-undur mah tara nyurungkuy ka hareup nyah?"

"Nya tara atuh Ujin. Nu sok nyurungkuy ka hareup mah..... ceuk Bibi téh"

"Tanya si Ujin, naon Bi?"

"Saur Bibi, genep hurup Ujin. Mimitina hurup 'k' tungtungna hurup 'l'."

"Genep hurup mimitina hurup 'k' tungtuna 'l', oooh.....enya nyaho Bi lah, kohkol, ceuk si Ujin téh!"

"Seratus untuk Ujin, saur Bibi. Hartina jawaban si Ujin téh saur Bibi mah bener. Da ceuk uing mah salah"

"Salah lebah manana, Darsép? Manéh mah sok néwo-néwo waé. Pan sidik kohkol mah genep hurup, k, o, h, k, o, jeung l, mimitina hurup k tungtungna l."

"Bener lebah genep hurupna mah, bener deuih mimitina hurup k tungtungna l mah."

"Ari nu teu benerna naon satéh Darsép?"

"Nu teu benerna lebah nyurungkuy Ujin. Da kohkol mah tara nyurungkuy, wéw!"

"Hahahaaa......!"

"Ari ceuk manéh naon genep hurup mimitina k tungtungna l nu sok nyurungkuy ka hareup?"

"Bisi teu nyaho mah Ujin, genep hurup mimitina k tungtungna l mah kooon........!"

"Naon Darsééép.......?"

"Kooon......Bi?"

"Alah siah si Darsép wanian rék ngomong jorang!"

"Jorang naon ari manéh Ujin?"

"Lamun lain jorang naon atuh Darsép?"

"Kooon.....ci!"

"Hahaaaaa......!"

"Ngaco ah Darsép. Konci mah lima hurup jaba tungtuna gé i lain l."

"Tambahan ku l, jadi 'konci l' alias konci lomari. Pan sok nyurungkuy alias maju ka hareup lamun rék muka pantona nu ngonci. Ner teu?"

"Hahaaaa.....si gejul. Enya lah Darsép kuma singa wé."

"Heueuh atuh nu penting mah tina kasus undur-undur téh kudu dicokot mangpaatna nya Bah?"

"Oh enya bener pisan kitu Sép. Sabab pulisi teu maparin idin ngagelar méngbal alatan korona atawa keur rariweuh ku itu ku ieu téh mémang kaharti ku pikir kahontal ku akal, teu kudu jadi masalah kapapanjangan."

"Tah kitu saur si Abah gé Jin mending cokot mangpaatna tina kasus undur-unduran téh ngan ulah siga si Idim wé."

"Na kumaha si Idim Darsép?"

"Meunang tragédi gara-gara undur-undur Jin. Tapi lain undur-undur nu ngupuk di kolong imah ieu mah undur-undur domba bikang mundur nu dimangpaatkeun ku si Idim."

"Alah siah kumaha dongéngna Darsép?"

"Kieu Jin. Si Idim téh ngadon kiih pipir kandang domba Mang Odi, si démplon domba bikangna keur moyan tas dimandian. Teu pupuguh si démplon bet undur-unduran ngadeukeutan si Idim. Nya ku si Idim dimangpaatkeun, asa manggih rejeki meureun si Idim téh der wé  bobogoanana nu kakara raat tas ngahujanan taneuh dilelempeng sina nyurungkuy muru bujur si démplon. Naaa... atuh kira sasénti deui kana antel, jol jeduk kana bujurna aya nu neunggar, horéng domba jalu. Si Idim tangka ngajurahroh bari aduh-aduhan."

"Sok hudang siah! Sangeunahna kiih di teun batur bari nangtung, jaba si démplon rék dikeureuyeuh euweuh kageuleuh !"

"Ceuk Mang Odi, Darsép?"

"Ceuk domba jalu, Ujin!"

"Hahaaaa.......!" (réngsé) **

https://invol.co/clm1jc7

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (1)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga 

"SABARAHA-sabaraha Pérsib téh Darsép?"
"Naon téa, Jin?"
"Éta Pérsib meunang sabaraha atawa éléh sabaraha?"
"Meunang henteu, éléh henteu, Jin."
"Haaar....pan Liga 1 téh geus dimimitian tanggal 1 Oktober lin?"
"Teu, teu tulus, diundurkeun engké ka tanggal 1 Nopémber ceuk béja mah."
""Ari sugan geus der maén Darsép, horéng diundurkeun ka Nopémber nyah?"
"Nopémber gé can tangtu Jin."
"Naha, Bah?"
"Can tangtu sabab bapa-bapa pulisina keur rariweuh pisan nu matak teu méré idin ngagelar méngbal ka PSSI."
"Nuju riweuh nya Bah?"
"Enya, Jin. Nyanghareupan nu darémo, nyanghareupan pilkada, nyanghareupan korona."
"Puguh loba nu rumahuh."
"Rumahuh kumaha Darsép?"
"Enya pédah pilkada mah terus lumangsung padahal loba nu ngusulkeun sangkan ditunda heula alatan korona, tah ari méngbal mah wayahna kudu eureun heula."
"Kitu nyah Darsép? Apanan méngbal dina usum pandemi mah teu meunang dilalajoan langsung di lapangan lin, jadi ukur pamaén jeung opisial? Ari pilkada mah teu dilalajoan ogé pasti jelema ngagimbung bin pasesedek nu hartina bisa jadi nerekabna korona."
"Teuing atuh Ujin éta mah geus aturan nu dibendo."
"Kitu Bah? Paingan sok pada nyebut Liga Undur-undur atuh nya méngbal di nagri urang mah da ningan mani teu kaur lancar, kudu aya wé sésékélan terus diundur-undur deui waktuna."
"Da mémang kitu pagawéanana, Ujin."
"Pagawéan naon Bi?"
"Enya pagawéan undur-undur mah sok undur-unduran."
"Na aya kitu mahluk undur-undur da nu sok undur-unduran sakanyaho mah tukang parkir, Bi."
"Gustiiiiii....abong jelema jaman now teu nyaho undur-undur acan." 
"Na manéh nyaho nyah Darsép?"
"Bisi teu nyaho undur-undur yeuh Ujin, tah  taroskeun ka Bah Adun!"
"Si gejul, sugan téh heueuh nyaho. Naon Bah undur-undur téh?"
"Undur-undur téh sato leutik kira-kira sagedé peuteuy sélong, Jin. Hirupna ngupuk dina taneuh kolong imah, gawéna susurungkuyan, tapi mundur. Nu matak disebut undur-undur gé nya kitu pagawéanana undur-unduran."
"Oh kitu? Ayeuna aya kénéh Bah?"
"Nya meureun ari di kampung nu imahna panggung mah aya Jin. "
"Jadi undur-undur mah tara nyurungkuy ka hareup nyah?"
"Nya tara atuh Ujin. Nu sok nyurungkuy ka hareup mah....."
"Naon Bi?"
"Genep hurup Ujin. Mimitina hurup 'k' tungtungna hurup 'l'."
"Genep hurup mimitina hurup 'k' tungtungna 'l', oooh.....enya nyaho Bi lah, kohkol!"
"Seratus untuk Ujin."
"Hahaaaaa.......!" (lajengkeuneun) **

Rabu, 19 Agustus 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (4)

Rékacipta Féndy  Sy. Citrawarga

"NYA kajeun sareng Kang Apud ogé pan pajabat tatéh, Bi."
"Naon téa Jin?"
"Pan kamari saur Bibi ningan. Ceuk Ujin téh ka Bibi, 
naha Bi Rahi sakola kénéh kitu atawa ngawulang panginten nya?"
"Lain kesel teu sakola atawa teu ngajar Ujin. Kesel rarandaan saur Bibi téh."
"Hahaaa...."
"Ceuk Ujin deui, nya atuh der wé badé nikah mah Bi."
"Nyaéta sugan téh nu keketrok rék nanyaan téh Afgan, ceuk Bibi téh."
"Ari pék? tanya Ujin."
"Si Apud, linmas nagih udunan ronda."
"Hahaa......" 
"Oh éta Jin. Nya mémang bener kitu kanyataanana."
"Nu mawi ceuk Ujin gé der wé nikah sareng Kang Apud pan pajabat, sumuhun pajabat linmas."
"Lain teu kabita ku jabatanana Ujin. Ngan kabayang mun boga salaki ka linmas téh Bibi maol kakeukeupan."
"Haaar naha?"
"Apa linmas mah sibuk ngurilingan imah warga keur ngagerebeg bisi aya nu salingkuh."
"Hahaaa....."
"Ngaco ah. Éta mah sabagian tugasna Bi, tugas pokona mah nya loba nu nyoko kana ngajaga katartiban lingkungan lain ngintip wungkul."
"Oh kitu Jin. Sugan téh pagawéan linmas mah husus keur ngintip nu bobogohan...."
"Hahahaa......"
"Justru nu bobogohan mah moal dikukumaha Bi."
"Naha Asép?"
"Nya moal da ngaranna gé bobogohan alias teu bogoh enyaan. Da nu bogoh enyaan mah sok tepi ka derna kikituan teu inget ka anak jeung pamajikan, tah kanu bogoh kitu tugas linmas nartibkeunana."
"Kitu Asép?"
"Meureun, Bi."
"Hahaaa....."
"Darsép géhél."
"Wayahna wé kesel nyanghareuan pandemi téh Bi, barudak. Nu sidik mah ulah talingeuh, ancaman korona lain wadul da aya buktina aya nyatana. Geus leuwih ti saratus réwu kasusna di nagara urang kiwari téh.
"Muhun nya Bah."
"Enya Jin kitu pisan. Sakali deui Abah papadon ulah katipu ku sugan téh nyanghareupan ancaman korona mah. Sagalana kudu dipastikeun. Kaluar ti imah pastikeun maké masker, tas nyaba itu nyabak ieu, pastikeun kukumbah maké sabun , aya nu ruang riung jelema pastikeun kudu ngajaga jarak."
"Leres Bah teu bingung kitu mah da tos aya katangtosan nya."
"Nya enya Jin, ulah ieu mah geus puguh daérah zona mérah keukeuh susuluduk, atuh sirah Kang Abo ditongtak ku pamajikanana."
"Haaar....naha jadi mamawa sirah Kang Abo Darsép?"
"Enya Jin. Kang Abo téh aya kahayang terus tual-toél ka pamajikanana. Ceuk pamajikanana zona merah Kang, zona mérah."
"Alah... terus kumaha Darsép?"
"Ceuk Kang Abo téh zona merah mah di Jakarta Nyi, di Jawa Barat mah saur Pa Gupernur Ridwan Kamil gé tos zona héjo."
"Zona naon ari Akang? tanya pamajikan Kang Abo."
"Enya zona korona, témbal Kang Abo."
"Enya éta mah Abdi gé terang, témbal pamajikanana."
"Naha atuh Nyai nyebut zona mérah?"
"Ieu jero calana nu zona mérah mah Kang! Nu matak ulah tual-toél gé."
"Hahaaaa.......!" (lajengkeuneun) **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (5)

Rékacipta Féndy  Sy. Citrawarga

"API-API teu ngarti si Kang Abo nya euy?"
"Api-api kumaha Jin?"
"Heueuh apan kamari ceuk manéh Darsép pamajikan Kang Abo nyarita, zona naon ari Akang? tanya pamajikan Kang Abo."
"Enya zona korona, témbal Kang Abo."
"Enya éta mah abdi gé terang, témbal pamajikanana."
"Naha atuh Nyai nyebut zona mérah?"
"Ieu jero calana nu zona mérah mah Kang! Nu matak ulah tual-toél gé."
"Hahaaaa.......!" 
"Oh éta Jn? Bisa jadi enya api-api. Teu tebih tina sugan téh nya Bah?"
"Naon téa Sép?"
"Sumuhun api-api, teu tebih tina sugan téh.
"Oh éta, enya Sép. Siga nu teu narurut kana panggero ti pamaréntah sangkan merhatikeun protokol kaséhatan sigana mah api-api teu ngarti, enya ka dituna kana sugan téh. Sugan téh wios teu dimasker gé da abdi mah teu karasa nanaon nuju sehat."
"Padahal mah nya Bah?"
"Padahal mah Jin, loba korban korona justru teu ngarasa nanaon, ana dipariksa cenah positip atawa reaktip."
"Meujeuhna wé ditibanan hukuman gé nya Bah?"
"Enya Sép. Ceuk béja mah Satpol PP di Bandung nibankeun hukuman kanu teu maké masker."
"Diasupkeun ka jero bui Bah?"
"Henteu Jin, malah dihukum ngeunah."
"Manya aya dihukum raos Bah?"
"Dihukum ngeunah Jin, sabab lain diasupkeun ka jero bui, tapi dititah manyanyi lagu kamerdikaan."
"Oh....kitu nyah nya leres atuh énak dihukum manyanyi mah, uing gé daék kitu mah angot manyanyi dangdut bari sina jogéd mah daék pisan."
"Enyaan Ujin?"
"Enya Darsép da ngeunah atuh dihukum manyanyi dangdut bari jogéd mah."
"Ngeuna kumaha Ujin, puguh nepi ka teu éling, pingsan ."
"Na aya nyah nu kitu?"
"Pan kungsi kajadian di urang gé si Roni dihukum ku RW, enya dihukum titah nyanyi dangdut malah bari jogéd."
"Nu bener Darsép?"
"Eya Jin si Roni bongan tara aktip kerja bakti ku Pa RW dihukm titah nyanyi dangdut bari jogéd, ngan nya kitu kalah ngajongkéng."
"Naha Darsep?"
"Dihukum manyanyi dangdutna lima jam nonstop, jaba dinu panas mentrang-mentring."
"Hahaaaa....."
"Darsép gélo nya heueuh atuh ari kitu mah. Sugan téh bener. Sok buru caritakeun kumaha lalakon Mang Gihan  jeung Bi Sulan  téh?"
"Na enya nyah Jiin?"
"Pan ceuk manéh Mang Gihan méhméhan pepegatan jeung Bi Sulan gara-gara sugan téh jijieunan."
"Oh enya bener uing nyarita kitu Jin. Nyaéta Mang Gihan téh kasolompok ku Bi Sulan keur ngahanca bujur domba di pipir imah. Ceuk Bi Sulan ari sia nanaonan Gihan?"
"Da, da, da sugan téh manéh Sulan."
"Naon, naon? Sugan téh kami? Teu boga deudeuleuan ari sia? Pan sidik éta mah domba, kami jelema."
"Enya, tapi surabina mah sarua pelem!"
"Hahaaa.......!" (réngsé) **

Minggu, 16 Agustus 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (3)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

"SUGAN téh geus cageur si Darsép."
"Ari pék tos damang nya Jin?"
"Angger gélo satéh Darsép!"
"Naha?"
"Pan ceuk manéh kamari. Leres Bah. Tapi diémut deui aya nu nyebat sugan téh alatan leres-leres teu ngartos kana fakta nu sanyatana, aya deui nu nyebat sugan téh ukur jijieunan."
"Jijieunan kumaha Darsép? Ceuk uing."
"Dijawab ku manéh. Mang Gihan, Jin. Apan méhméhan pepegatan jeung Bi Sulan gara-gara sugan téh jijieunan."
"Ceuk uing, alah siah, sok buru dongéngkeun Darsép!"
"Siap Jinlah, ngan isukan wé ayeuna mah uingna kudu buru-buru balik ka imah. Ceuk manéh téh."
"Uing gasik nanya. Rék nanahaon kudu buru-buru balik ka imah Darsép?"
"Ceuk manéh  rék dilongok, bisi aya nu mangku."
"Hahaaa......"
"Tah nu kitu téh ngaranna nu gélo Darsép. Saha atuh nu rék mangku imah?"
"Bisi wé Jin pan jaman ayeuna mah keur ramé nu puak-paok, panpangna nu maok HP. Enya ningan kabéjakeun kolot nu maok HP keur budakna sagkan bisa diajar onlén."
"Heueuh pan éta mah HP nu dipaokna lain imah."
"His saha nu nyaho imah gé dipaok, terus dijual ladangna dipaké meuli HP."
"Hahaaa......"
"Beuki gélo. Nya Ran sugan téh si Darsép geus cageur?"
"Lain Kang Ujin."
"Sugan téh naon atuh ceuk ilaing si Darsép Ran?"
"Ngala entéh maké gégép, pisang goréng jeung sakoteng. Sugan téh Kang Asép kasép. Manahoréng geuning ganteng."
"Hahahaaa....."
"Siiiip ...Ran, émang bener Kang Asép mah ganteng."
"Enya Kang Asép. Manteng-manteng benang kodi, ganteng-ganteng tara mandi."
"Hahaa....."
"Panuju pisan Ran. Keur nanahaon ganteng gé ari awak bau cubluk mah nya?"
"Ah siah Surjin."
"Nya heueuh siah Darsép. Mun Kang Ujin ganteng tulén nya Ran?"
"Enya Kang Ujin gé ganteng. Ngan...."
"Ngan naon Diran?"
"Sakoteng diinum kabéh. Ganteng-ganteng tara ombéh."
"Hahaaa.........!"
"Karasa Surjin?"
"Ah teuing siah Darsép."
"Kesel panginten nya Bah?"
"Naon téa Sép?"
"Sumuhun barudak sakola katut sepuhna seueur nu ngusulkeun sangkan geura-geura belajar tatap muka alias ka sarakola deui cara sasari."
"Enya kana kitu Sép teu ngabibisani tuda geus mulan-malén. Saréréa gé geus tangtu harayang hirup normal deui ngan dalah dikumaha ning koronana aya kénéh. Éta gé di sababaraha lelewek mah dihempékkeun muka sakola tapi kudu tukuh kana papagon protokol kaséhatan."
"Muhun mugia sing salabar wé nya Bah da Bibi gé tos kesel."
"Naha Bi Rahi sakola kénéh kitu atawa ngawulang panginten nya?"
"Lain kesel teu sakola atawa teu ngajar Ujin. Kesel rarandaan...."
"Hahaaa...."
"Nya atuh der wé badé nikah mah Bi."
"Nyaéta sugan téh nu keketrok rék nanyaan téh Afgan."
"Ari pék?"
"Si Apud, linmas nagih udunan ronda."
"Hahaa......" (lajengkeuneun) **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga

"SUGAN téh enya ngarti, Ujin."
"Naon téa Darsép?"
"Kana penjelasan ti si Abah."
"Na nyarios naon si Abah kitu?"
"Saur si Abah téh kamari jeung ka si Ujin mah si Mimin téh alus kénéh dijodokeun jeung ilaing Sép."
"Hahaaa....."
"Ngaco siah Darsép da saur si Abah kamari mah, kieu contona mah Jin. Heueuh pamaréntah atawa nu dibendo téh geus yakin barudak sakola barogaeun HP kabéh boh nu di kampung boh nu di kota. Kanyataanana pan teu kitu. Ceuk kolot murid téh, Pa teu sadayana kolot murid gaduh HP. Jawab nu dibendo, sugan téh kabéh baroga!"
"Oh.......kitu Bah, ceuk uing téh."
"Ngarti ayeuna mah Ujin? Tanya manéh."
"Ceuk uing, nya ngarti atuh Darsép."
"Ngarti kumaha? Ceuk manéh téh ningan."
"Ceuk uing, ngarti.......nyarios naon nembé téh Bah?"
"Hahaaa......."
"Enya naha atuh ari ngarti mah bet nanya deui nyarios naon nembé téh Bah?"
"Baé wé atuh Darsép, kitu-kitu waé mani jadi urusan da uing gé ngarti lah yén urang téh ulah tepi ka katipu ku kecap sugan téh."
"Contona Ujin?"
"Contona mah si Diran gé nyahoeun geura sok Ran, sisindirankeun sugan téh."
"Sugan téh kukupu muntir, sihoréng sirama-rama. Sugan téh tungkul keur dikir, horéng dahdir ka mamana."
"Hahahaaa....."
"Aya deui Ran?"
"Sugan téh duit salawé, ku barudak dikiihan. Sugan téh enya awéwé, dicabak aya sikian."
"Hahahaaa....."
"Geus ah Diran budak-budak geus beuki cubuk-cabak kana barang batur. Ari ilaing Ya boga pangalaman tina sugan téh?"
"Nya aya Kang Ajan."
"Enya sok naon waé tah?"
"Pan Yaya pacaran sama parawan anakna tatangga. Basa Yaya ngajakan asmara-asmaraan, lantas panangan Yaya ngagarayam kana awakna, Yaya sangka bakal pasrah. Nyatana mah kalah ngalawan, katanya apa-apaan nyabakan awak sayah haram jadah?!"
"Hahahaaa....."
"Nya heueuh atuh Sarya da can waktuna. Manéh mah nganggap naon waé ka awéwé téh."
"Numutkeun Abah?"
"Naon téa, Jin?"
"Sumuhun katipu ku sugan téh?"
"Enya bener kitu pisan Jin. Siga keur usum korona ayeuna loba nu katipu ku sugan téh. Sugan téh euweuh korona, buktina kasus jeung korbanna terus nambahan. Sugan téh geus zona héjo, ari pék beureum, sugan téh, sugan téh, sugan téh jeung sugan téh lianna barudak."
"Leres Bah rupina tina percaya kana sugan téh kasus korona teras nambihan teras seueur nu teu disiplin atanapi teu tumut kana protokol kaséhatan."
"Enya kitu Jin. Bener ceuk ilaing ulah tepi ka katipu ku sugan téh."
"Leres Bah. Tapi diémut deui aya nu nyebat sugan téh alatan leres-leres teu ngartos kana fakta nu sanyatana, aya deui nu nyebat sugan téh ukur jijieunan."
"Jijieunan kumaha Darsép?"
"Mang Gihan, Jin. Apan méhméhan pepegatan jeung Bi Sulan gara-gara sugan téh jijieunan."
"Alah siah, sok buru dongéngkeun Darsép!"
"Siap Jinlah, ngan isukan wé ayeuna mah uingna kudu buru-buru balik ka imah."
"Rék nanahaon kudu buru-buru balik ka imah Darsép?"
"Rék dilongok, bisi aya nu mangku."
"Hahaaa......" (lajengkeuneun) **

Rabu, 12 Agustus 2020

HUS (Heureuy Urang Sunda): Sugan téh (1)

Rékacipta Féndy Sy Citrawarga

"TOS kaping sapuluh deui nya Bah?"
"Ari kitu, Jin?"
"Muhun, bilih lepat. Mun lepat pan ngisinkeun."
"Lepat kumaha. Jin?"
"Sumuhun bilih Abah nyebatkeun ayeuna kaping hiji, sanés, ayeuna mah kaping sapuluh Agustus."
"Hahaaa...."
"Kakara gé der geus nyieun pasualan manéh mah Surjin."
"Pasualan naon Darsép?"
"Pasualan naon? Bieu ceuk manéh bisi si Abah salah nyebut tanggal. Piraku deui atuh."
"Piraku kumaha?"
"Piraku béda."
"Nya bisi wé béda. Mun béda tangtu teu sarua."
"Hahaaa...."
"Ngaco ah Surjin. Nu teu sarua mah kaayaan barudak sakola deuleu!"
"Maké teu sarua sagala Darsép? Sarua wé barudak sakola mah. Geura sok Diran sarua lebah manana barudak sakola?"
"Aya badak aya cula, si uwa naha molotot. Barudak anu sakola, sarua encan karolot."
"Hahaaa...."
"Bener Ran ngaranna gé budak can jadi aki-aki can jadi nini-nini. Ari ceuk ilaing Ya? Sarua lebah manana barudak sakola?"
"Sama-sama aya mastakaan, aya mataan, aya taktakan, aya dadaan, aya padaharanan, aya palangkakan dan sabangsana....."
"Hahaha..."
"Ngan....."
"Ngan naon Sarya?"
"Ngan kawasan palangkakan mah kagak sama antara anak bangsa adam dan anak bangsa hawa mah."
"Teu sarua  kumaha Sarya?"
"Palay apal Kang Ajan?"
"Nya enya atuh Ya."
"Bayaranana badag Kang. Maaf takkan Yaya katakan."
"Hahaaa....."
"Kana bayaran waé si Sarya mah. Minggeus ah nu kitu dibahas. Teu sarua lebah manana kaayaan barudak sakola téh  Darsép?"
"Lebah kabogana Jin. Ayeuna keur usum berita urusan HP nalika barudak sakola kudu diajar cara onlén. Ning kabéjakeun aya budak dagang goréngan, aya budak kuli ngaduk sangkan kabeuli HP. Malah nu matak pikasediheun mah aya kolot budak maok HP tatanggana sangkan anakna boga HP keur diajar onlén. Éta téh gara-gara teu sarua pangabogana, disangkana kunu dibarendo mah kaayaan kolot murid téh meureun sarua beunghar. Kitu tah, nya Bah?"
"Enya bener Sép. Mun dipikir deui mah  éta téh nyoko kana sugan téh barudak."
"Sugan téh Bah?"
"Enya sugan téh Jin. Nyaéta sikep yakin nu pasalia jeung kanyataan."
"Lieur Bah, ah."
"Tong bari gideug atuh ngabandunganana ngarah teu lieur mah Ujin."
"Ah siah Darsép."
"Kieu contona mah Jin. Heueuh pamaréntah atawa nu dibendo téh geus yakin barudak sakola barogaeun HP kabéh boh nu di kampung boh nu di kota. Kanyataanana pan teu kitu. Ceuk kolot murid téh, Pa teu sadayana kolot murid gaduh HP. Jawab nu dibendo, sugan téh kabéh baroga!"
"Oh.......kitu Bah."
"Ngarti ayeuna mah Ujin?"
"Nya ngarti atuh Darsép."
"Ngarti kumaha?"
"Ngarti.......nyarios naon nembé téh Bah?"
"Hahaaa......." (lajengkeuneun) **

HUS (Heureuy Urang Sunda): Tragédi Undur-undur (2)

Rékacipta Féndy Sy. Citrawarga "SARATUS naon ari Bi Rahi?" "Naon téa Asép?" "Enya kamari Bi, pan ceuk si Ujin téh,...